ih naha jadi ka pemilu (demokrasi tea kitu?) kang? heuheu pan ieu mah urusan
rek nyentang kalayan sah atawa moal. jadi tos jelas pemilu: halal

kuring inditna nya tina palaturan milih memilih. mun teu salah basa keur
ngagayem bangku sb baheula, milih atawa dipilih ngarupakeun hak warga
nagara. nu ngaranna hak pan rek dicokot atawa henteu kumaha urang. coba
geura akang tong nyokot gaji, jigana perusahaan bakal surak tah heuheu....
(alah siah analogina tibalik heuheu)

nu jadi masalah lamun aya pangrasa, ah da gajina ge teu dicokot, moal gawe
ahhhhhhh....
tapi salian ti eta satuju jeung akang, istilah haram jeung halal nyangkut
jeung langit. ulah sagawayah...

On Tue, Dec 30, 2008 at 5:25 PM, Narayana Adipranata <
[email protected]> wrote:

>   ari ceuk ku kuring mah milih or teu milih eta mah hak tiap
> jalma.tergantung pamadeganna masing-masing. ku sabab aya oge nu
> ngaharamkeun pemilu.cikan tingal di
> www.salafy.or.id/print.php?id_artikel=567...
> ngan ari kahayang teh nu rek golput ulah sok ngajak-ngajak batur aupaya
> golput jiga manehna. nu rek miluan nyolok ulah make ngaharamkeun nu golput.
> da ari geus ngenaan halal-haram berarti ngenaan dosa..beurat euy...
>
> ------------------------------
> *Dari:* ua duq <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Terkirim:* Selasa, 30 Desember, 2008 11:58:29
> *Topik:* Re: [Urang Sunda] ieu HARAM itu HARAM.
>
>  kuring mah sok ngiluan susurpeyan. sok aya pertanyaan: 'naha rek milih
> engke dina pemilu? jeung kunaha?' loba nu ngajawab kunaha ieu ku jawaban:
> 'sabab milih teh kawajiban warga nagara'. tah jigana nu rek ngaharamkeun
> golput, mun ditanya nu sarupa, jawabanna oge sarua jeung eta. jigana poho
> kumaha rasana bangku sd
> ,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

Kirim email ke