Ti ngawitan presiden SBY ngumumkeun konversi BBM ( Minyak tanah ka Gas )Meni asa bungah , komo ditambihan iklan ibu nagara nu ngajak sadaya rahayat nganggo Gas , teras memang meni kayungyun dugika di pasihan tiap KK ku pasilitas tabung + komporna ............Alhamdulillah ayeuna sim kuring mung tiasa ngadu'a , mugi ieu nagara tong waka ancur ayeuna ... kumaha teu nyeri hate ninggali nu jadi dulur di lembur ngunderan kai jang suluh ... pasir geus bulistir da pihak ka tilu ngabalorongan kai anu jadi sumber serapan cai ...."Memang kompor+tabung mah aya tapi kamana nyiarna ari dikampung kawas kieu jang"...pun aki cumarita bari ngalimba,tangkal kai leutikmah tong dicaturkeun tos seep dulur dulur kanggo Konversi Gas Kana SULUUUUUUH ....

