Tangtos bingah pisan upami tiasa ngabantos masihan nami ka hiji orok.
Tapi da sakaterang abdi mah kedah dietang kang, ngarumus nami teh.
Unsur-unsurna di antawisna: iraha lahirna budak teh? wanci naon?
dinten naon? awewe anatapi pameget? naon tanda-tandana? jrrd
Tah ti dinya, Insya Allah, urang bakal terang kira-kira watak budak
urang. Naha geni nu sumanget tapi gede ambek, awan nu luas elmu
pangalana ludeungan, kalakay epes meer jeung handap asor, laut nu luas
pengetahuana, gunung nu nangtung kakoncara, atanapi taneuh nu iklas
ngorbankeun diri demi mangfaat keur batur,

Atuh cenah ari budak lahir keur usum kieu mah kade akang mah
wanti-wanti tong dinamian Rahayu Contreng Caleg atanapi Sarwa Nerekel
Pangaos.. nya? 



--- In urangsunda@yahoogroups.com, Dade Thea <dadet...@...> wrote:
>
> Ass. Punten ka sadayana...
> Sim kuring nyuhunkeun bantosan yeuh...
> Insya Alloh mun kapareng bade janten Bapa jigana mah... he..he..
> Tah kahoyong mah ngaran budak teh hayang ngaran sunda (anu sae
tangtuna..maklum nembean ieu teh...)
> Ka para sehu mung tiasa mah pang bantosankeun sim kuring lah nami
budak tina basa sunda sareng hartosna.
> Upami tiasa 20 kanggo pameget teras 20 kanggo istri ke diseleksi
he..he.. (kawas ujian wae)
> tos milarian (teu acan maksimal sih...) salah sahijina tina kamus,
mung abong urang kampung aya nami anu katelahna sae tina basa sunda
jeung gaya tapi hartina teu ngarti jadi bingung ieu teh (bingung
tingkat tinggi.. caritana mah...)
> Daripada gaya tapi artina aneh mending naros kanu ngarti we ah bisi
salah...
> Tah ku kitu sakali deui bantosan ka sadayana...
> sateuacanna sim kuring ngahaturkeun hatur nuhun.
> Cag Ah...
> Wass.
>


Kirim email ke