andrea hirata teh urang belitong nu nulis laskar pelangi jeung tilu judul novel terusna, tetralogina tea. sigana novel2 panglarisna ayeuna-ayeuna. ari jelemana mah, teu jauh da si eta teh, gawena di telkom gegerkalong bandung. malah kungsi sakantor pisan jeung kang Soni bolotot.com (kanu can apal, bolotot.com, situs game basa sunda, tiasa di korowot haratis).
tah poe senen, manajerna-make manajer si eta mah- nelpon, ngajak ngopi pasosore. nya disatujuan. sanajan teu dicaritakeun, nya geus surti pasti si ikal eta baris datang. jangjian di cafe Ngopi Doeloe di jalan hasanuddin dago. angger urang panggih teh, sok maen tangkeup sagala. haha. dua tilu taun katukang, munggaran panggih oge kitu. asa langsung ngarasa deukeut. meureun pedah papada tukang ngadongeng. sanajan karya manehna leuwih sohor, manehna tetep nganggap si kuring oge speciesna. nya nu diobrolkeun mah sabulangbentor we dibarung seuri nyakakak. maklum ari ngobrol teh sok hayang we nyalenggor ka soal-soal pikaseurieun. oge ngobrolkeun soal novelna jeung nu si kuring. tapi teu rinci ngabahas novel2na, da meureun dianggap geus papada nyaho. ngan manajerna nyarita yen manehna kungsi maca Opik Sok Cool, nih! karangan Jurie G Jarian. manehna seuseurian cenah. andrea namprakkeun leungeun, maksudna menta novel eta. hanjakal teu mawa. baheula ge ari panggih sok tukeuran buku karangan sorangan. kamari ge, jangjian, manehna mere maryamah karpov, si kuring rek mere opik sok cool, nih tea, sanajan kudu menta ka Jurie G Jarian heula. heuheu si kuring oge nyarita yen di hirup kuring oge aya tokoh Lintang, nu dikagumi ikal. jago matematika, ngan hanjakal kuliahna di unmer malang teu nepi ka beres. pedah dina caritana kungsi ka Sorbone Paris, tapi oge kuliah masterna teh di Sheffield inggris, ditanya. cenah di Sorbonne na teh ngan pikeun riset tesisna. ari tesisna mah soal sistim tarif dina telekomunikasi. jadi pantes oge gawe di telkom. sanajan aya nu maca novelna, manghanjalkeun andrea gawe di pausahaan sejen, teu muka usaha sorangan. da sanajan sakti oge, ari asup hiji pausahaan mah, biasana cenah sok kudu milu budaya atawa sistem pausahaan eta. andrea rencanana mah rek eureun heula nulis teh. ngakuna mah ari geus nulis teh hese eureun. meureun bakat kuloba pangalaman nu hayang dibetuskeun kana tulisan. rek eureun nulis, terus cenah hayang neruskeun sakola, atawa balik ke belitong, hayang oge kaluar ti tempat gawena ayeuna, jst. loba rencana nya mun balap si kuring atawa andrea hirata nu leuwih bagja, tangtu si kuring. geus boga bati dua, lalucu awewe wungkul. manehna mah kungsi ge rarabi, teu terus. ari umur mah sapantaran, wedalan 1967. manehna bulan oktober asana, si kuring agustus, mun teu juli. diheureuyan oge, kungsi maca tabloid nu lanceuk beuteung, soal rumah tangga manehna-nu kungsi aya nu posting di kusnet. manehna, oge manajerna ngadon nyakakak bari mengkolkeun ka obrolan sejen. puguh we ngeunah ngekeak. hampura we. padahal urusan cinta mah pastina matak peurih pisan karasana, komo ku tukang ngarang mah. matak bisa nulis sarebu kaca. haha. geus magrib leuwih saeutik, bubaran. opieun dibayar andrea. aturan alam: saha nu ngondang eta nu mayar. haha

