> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja
> ari sultan Oman, kacaritakeun boga agama naon tah? kg Waluy?
> uin kabita , mun pareng mah
Naon nu kabitana Bah Oza, dikabiri? ....hehehe. Koreksi Bah, sanes Sultan
Oman (ke Kang Oman ngambek), tapi dongeng di Dinasti Usmaniah/Ottoman atawa
sakapeung disebut Kakalifahan Usmani di Turki. Ieu Dinasti kawasa ti abad 14
tepi ka awal abad 20 (1299-1922). Dinasti ieu ambruk digulingkeun ku Kemal
Attarurk, "Bapa Turki" modern.Ceuk Sajarah, asal muasal pangawasa Usmani teh
ti steppa-steppa (padang rumput) Asia Tengah. Maranehna mimiti ngagem agama
Islam di abad 8-9 M. Kasedekeun ku invasi Bangsa Mongol, maranehna
pararindah ka kulon jeung ngadegkeun karajaan di Anatolia.
Salian kakoncara tukang naklukeun jeung ngawasa ti Asia tepi ka Eropa,
dinasti Usmani oge kakoncara ku tingkah-polah pangawasana, nu keur ukuran
ajen-inajen jaman ayeuna mah rada aneh, matak helok ditambahan bari
ngabirigidig ...hehehe. Contona dina suksesi Sultan/ Raja, aya kabiasaan
dulur lalaki sultan anu anyar, sadayana dipaehan, supaya ulah aya nu khianat
ka Sultan anu anyar. Kabisaan ieu robah waktu Selim II kawasa (1566-74).
Para pangeran karajaan teu dipaehan tapi ukur dikerem di gedong lengkep
jeung para selirna nu ngahaja dipilih teu bisa anakan.
Sultan oge boga hiji tempat di kompleks Istana nu disebut Harem ( cenah
kecap ieu asalna tina basa Arab Aram, dilarang). Beda jeung pangartian umum,
harem sabenerna lain wae pamajikan jeung selir, tapi oge kulawarga Sultan nu
sejenna nu awewe saperti indung, dulur awewe kaasup budak lalaki sultan nu
acan akil baleg. Harem dijaga ku lalaki nu dikabiri. Di kompleks Harem,
hiarki nu pangluhurna nyaeta Indung Sultan nu disebut "Valide Sultan" ( Ibu
Suri), geus kitu KADIN, nyaeta "pamajikan" Sultan. Kadin biasana tara leuwih
ti opat, tapi ari selir mah "unlimited" ...hehehehe teu diwatesan.
Darajat panghandapna dina Harem, nyaeta "budak awewe" (women slave). Ieu
budak beulian awewena umumna nu gareulis ti tempat-tempat kakaisaran Usmani.
Nu gareulis ieu rata-rata urang Kaukasia, Georgia jeung Abkhazian.
Maranehna umumna dibeuli ti "pasar budak" nu asalna meunang nyulikan atawa
dijual ku kolotna. Urang Kaukasia atawa Georgia sok ngahaja ngajual anak
awewena supaya hirupna engke senang. Kabeh awewe "budak beulian" ieu
sanggues asup kana Harem disebut "Awewe Istana" (Women In Court). Umumna
maranehna ukur jadi jongos, teu kitu wae "budak awewena" bisa "dianggo" ku
Sultan. Lamun kaciri aya nu luarbiasa boh dina kageulisan jeung bakatna,
"budak awewena" ieu bakal ditraining : ngigel, maca sajak, ngamaenkeun alat
musik ...jeung seni erotika. "Budak awewena" engkena jadi "gledilki" nu
hartina kira-kira "maids in waiting" ...nungguan kaanggo ku Sultan atawa
sakapeung malah dihadiahkeun ku Sultan ka tamu pamegetna. Para selir ieu,
cenah lamun ayeuna mah "sapeutingeun" ("one night stands"). Dianggo ku
sultan ngan sapeuting, geus kitu acan tanggtu papanggih deui jeung Sultan,
iwal lamun manehna reuneuh jeung ngalahirkeun budak lalaki. Lamun boga budak
lalaki selir ieu naek darajat jadi IKBAL, favorit keur sultan. Jadi dina
Harem, hiarki sosialna kieu "budak awewen" (parawan), selir sapeutingeun ,
ikbal jeung pangluhurna Kadin ....
Anggota Harem lamun nyieun "kasalahan", bisa dihukum. Hukum pangbeuratna
diasupkeun kana karung terus ditelebkeun make beungbeurat batu ka selat
Bhosporus hirup-hirup. Tapi aya oge Sultan nu rada "sedeng", Sultan IBrahim
I (1640-1648) nelebkeun 280 urang selirna ka selat Bhosporus. Aya nu
nyebutkeun manehna bosen kulantaran selirna jaradi gendut , tapi aya oge nu
nyebutkeun cenah kaulntaran salah saurang selirna nyieun kasalahan. Sultan
"sedeng" teh akhirna digulingkeun ti inisitaif Mufti (para ulama). Manehna
dipaehan digantikeun ku anakna ....
Selir nu kasohor nu jadi pangawasa kulantaran bisa mangaruhan Sultan nyaeta
HURREM, "pamajikan" Sultan Suleyman I (1520-1566). Hurrem aslina sabenerna
wanoja asing, aranna Aleksandra Lisowska, lahir kota Rahatyn Karajaan
Polandia (ayeuna jadi wilayah Ukraina). Manehna jadi "budak awewena" waktu
ekspedisi Suleyman I ka daerah dinya. Hurrem ku kapinteranana akhirna jadi
"pamajikan" favorit Sultan. Cenah manehna nyieun intrik-intrik politik, tepi
ka Sultan Suleyman I kapangaruhan, percaya yen anakna, Pangeran Mustafa nu
sabenerna disiapkeun keur ngaganti manehna, barontak. Mustafa akhirna
dipaehan ku parentah Bapana. Hurrem sukses, sabab akhirna nu ngaganti
Suleyman I teh anakna, Selim I. Hurrem oge boga anak awewe Mihrimah. Ieu
putri karajaan nu paling boga pangaruh jeung kakawasaan dina sajarah
Kasultanan Usmani Turki. Waktu Hurrem maot, manehna dikuburkeun di
mausoleum digigireun makam "salakina", di kompleks Masjid Sulaeman di
Istambul.
Cag ah ......
Baktos,
WALUYA