bieu kadatangan alumni pangulinan, angkatan 95, istri, us pisan, urang 
majalaya. nikah ka bule urang walanda campuran armenia. agamana asalna 
kokodok eh salah ortodok terus asup islam.

tah si alumni teh karek balik ti tilu nagara eta, kenya, malawi, 
mozambique, nagara nu ngan aya dina peta jeung di tv acara fauna.

lampar jeun jarambah. wanian. sanajan judulna milu salaki nu gawe di 
pausahaan tengkulak enteh. sakapeung sok sono ka lembur cenah. 

atuh panggeulisna di afrika mah?
haha, cenah. henteu. sabab di nagara eta mah nu disebut geulis teh nu 
bujurna badag, cenah. haha. oh kitu? enya. waduh, kudu napelkeun 
telebug atuh! haha.

kumaha kahareup?
hayang buru-buru boga budak. 
alus, anak indo sok gareulis karasep.

naon deui?
rek ganti kewarganegaraan. rek jadi WNB, warga negara belanda.

alus. saratus rebu -nepi ka sajuta ge urang endonesya pindah, moal 
karasa, da jumlahna 200jutaan. haha. 

jung lah didu'akeun sing cageur bageur pinter bagja dimana bae hirup.


Kirim email ke