Balad-balad Abah keur budak, dina poe Saptu minggu ieu, tanggal 17
Januari 2009, rek ngayakeun re-uni sabalad-balad, ririungan ngadon silaturahmi,
nyacapkeun kasono nu lawas kaluli-luli.
Sok resep, baheula ge taun 2001 pernah re-uni siga kieu, babaturan keur budak
kumpul kabeh, nepi ka sababaraha angkatan. Tapi da arapal kabeh ge teu
tumpa-tumpa deui, akrab we silih poyokan silih herenganana, da persis we jiga
keur budak baheula.
Ayeuna ge kana kitu, pedah nu ayeuna mah rada diciutkeun lingkupna,
ondangan ge ukur saratus urangeun, mun sarimbit teh kana duaratus urangeun mah
jigana tepi, Abah nu kapapancenan nyieun ondanganana, tapi lucuna diakukeunana
mah meunang nyieun Si Kang Machyul ( Urut pamaen Band Rhapsodia tea )
atuh...... ibur....., maenya cenah urang Padang bisa nyieun surat make Basa
Sunda. Da saenyana Kang Machyul mah aslina ti Padang, ngan idek liher di Jl.
Sitimunigar ti bubudak.
Ngan sedih teh Kang Enuch kabujeng dipundut ku Gusti, dina dinten Jumaah
kamari, Kang Enuch mulih ka pangkonan Ilahi, mugia ditampi iman-Islamna,
dicaangkeun alam kuburna, ditempatkeun dina tempat anu sae munggul Allah SWT,
pernah sakelas teh jeung raina nu istri Nenden, baheula keur di Sakola Rakyat,
SR Kopo IV.
Acarana geus diiker-iker ku Kang Uung ( Mansur Ahmad ) nu jadi pribumi, ti jam
10.00 isuk-isuk nepi ka rengse, tiheula ge kapotong teh lamun waktuna shalat
we, aya tukang adzanna, si Wawan, rengse shalat berjamaah, acara biasana
diteruskeun deui, kaulinan mangsa keur budak baheula ngahaja diulinkeun deui,
ti mimiti tarik-tambang, gatrik, bendrong, hujan angin, balap sendok, gampar,
nepi ka galah ge ngahaja diayakeun, tapi jigana re-uni nu ayeuna rada
ditambahan aya pertandingan billiard sagala, pikeun babaturan nu geus teu
kuateun deui lulumpatan jiga baheula, kitu ge diancokeun pikeun nu geus biasa
maen, nu tara biasa maen mah kuriak wae alas-mejana saroeh, kasungkal
stick-billiard.
Nu kacipta bakal pirame-eun, palila-lila tilem di kolam renang, jiga baheula
keur budak, sok palila-lila tilem ari keur ngojay di Cihampelas atawa di
Centrum, Abah mah kawentar ”Budah-Citarum” lantaran keur budak baheula pernah
palid di Citarum, keur babalapan harita teh, lebah Dayeuhkolot ayeuna, mun teu
ditulungan ku tentara Kujang harita, jigana tiwas inya.
Tiap pertandingan, aya hadiahna, ngahaja disiapkeun ku Kang Uung, kayungyun
puguh ge babaturan nu hiji ieu mah, Kang Uung, tilu taun sakelas di SMP
Pasundan II, ayeuna geus jugala, ku babaturan teh kaseundahan wae, unggal
babaturan teu weleh dihiap-hiap, geus karuhan babaturan deukeut, ka nu jauh ge
teu weleh ngahiap-hiap.
Wilujeng Re-uni deui, ka seuweu-siwi putra-putri Jl. Sitimunigar.
================================
Drs.H.Maman Moch Dachman. MBA.
Jl. Margajaya V. No. 5
Bandung - 40224
visit;
[email protected]
http ://abahbandung.blogspot.com
================================
Menambah banyak teman sangatlah mudah dan cepat. Undang teman dari
Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang!
http://id.messenger.yahoo.com/invite/