sacara etnis mah teu mungkin. tadi wengi aya wawancara tv naon ka gus dur. jaman gus dur jadi presiden kitu, beliau rek muka hubungan diplomatik jeung israel nu tangtu langsung ditentang ku nu sejen, dpr meureun.
alesan gus dur harita cenah, rasional. urang teh ari jeung russia (baheula USSR) nu biangna komunis, nu ngaharamkeun agama, atheis, jsb, boga hubungan diplomatik, kedutaan, jsb, ari jeung israel, nu boga agama, jsb, henteu. heuheu.. enya, jeung cina, russia/uni sovyet kungsi mutuskeun hubungan sanggeus g 30 s pki tea. tapi beh dieu muka deui kadutaan. sanajan harita teu boga hubungan diplomatik, ari barang made in china mah loba ka urang, meureun liwat singapura. jalur gaza nempo jalur gaza di tv. diluar urusan bom israel, beu..geus kota mdoern pisan. wangunanana ge geus beton kabeh, jarangkung, imah ge sinana model apartemen, jsb. bandung ge eleh jauh..!

