Hahahaha... another masterpiece... Jadi inget kamari di tipi aya caleg di Kota Sibolga, manehna boga profesi ayeuna jadi tukang parkir motor. hehehe...
-Bohay- 2009/1/15 syam ridwan <[email protected]> > *"Nyaleg*" > Teu kasawang tianggalna bakal jadi tukang goong, da baheula mah cita-cita > teh mokaha, mun teu jadi dokter nya jadi persiden. Heueuh lain nek > ngarasula, ngan sok ngananaha kanasib sorangan,asa bet kieu kieu teuing. Pek > we bayangkeun, kaayaan jaman kiwari,nu boga gajih matuh ge sok kadenge > ngangluh, komo deui kuring, tukang goong, kadang sabulan campleng bolostrong > teu manggung manggung, atuh nyamos! Balukarna dapur caneom, sungut pamajikan > unggal poe nyuredak kawas keong racun. > > "Enjum sing nalipak maneh siah! Piraku maneh nek nyaleg?" Mitoha > pepedengkreng nyampeurkeun. Kuring ngabetem, geus kapikir samemehna,ancrub > ka dunya pulitik mah lir ancrub ka kawah candradimuka,silih gitik silih > segag loba saingan. Teu jauh jauh, contona mitoha, pan sakuduna mah nu > jadi mitoha teh ngadukung kana karir kuring dina > widang perpulitikan, ieu mah sabalikna, mun panggih kawas musuh gerot > wae. Kituna mah pantes sasatna mitoha jeung kuring teh pan beda pamadegan, > beda partey, kuring aktifis partey "rudet hate" sedengkeun mitoha kokojo > partey "nalangsa". > > "Yeuh geus boga modal sabaraha bet hayang nyaleg, nek nyaingan > dewek?"Kadenge sungut mitoha ngorompyang deui. Kuring tetep ngabetem, > percumah uab ge, kuriak ngajak debat kusir, ngabanding bandingkeun visi > jeung misi partey manehna,ceuk pangrasana asa pangalusna, > asa pangheueuhna. Rumasa kuring mah ngilu nyaleg teh ngan ukur modal panakol > goong diembohan ku niat nu hade,lain pedah kabrongbroy ku beja pajarkeun lamun > geus sukses dunya pulitik teh lir ibarat di sawarga sokawana, diugung ugung > lir pangagung, dihormat hormat lir kamenak, sur sor marere upeti, cenah aya > uang gravitasi,aya uang kunjungan,aya uang jabatan, uang reses, ah meureun > mun diwadahan terus dihijikeun jeung gajih sabulan meureun aya sapipitieun > mah. Enyaan daek burut salelembur,lain eta motipasi kuring hayang nyaleg > teh, estu murni hayang ngabelaan wong cuelik.Teu percaya?Belah sajah > Dadahku!". > > Ngadenge janji janji manis kuring, Ibro si tukang rebab batur > sapanayagaan,teu sirikna croh nyiduh, saeutik ge manehna teu percaya kana > omongan kuring tadi. Kituna mah pantes sasatna manehna kungsi dikuciwakeun > ku kuring,balukarna nepika kaayeuna sok neuteuli wae, masalahna mah teu pira > pedah bedo dipangneangankeun jodo. Heueuh da si eta mah sok tara kira kira, > boga rupa lir kembaran sicepot, mun direndengkeun jeung si cepot sok keder, > mana si cepot mana manehna. Hiji mangsa manehna meredih ka kuring nitah > pangneangkeun bikang, keun wae cenah kawas Dian Sastro ge. Geus kaditu > kadieu weleh teu manggih, antukna ditawaran nyi Icih, sikasebelan teh mumul, > pajarkeun era ngiringkeunana. Abong lalaki sok hayang nu leuwih,jeung > sok pinter kodek, tapi salutlah ka sieta teh salut ku pedena, ari pokna > teh ulah jadi lalaki ari teu pede mah. > > Dipikir pikir pan kuring ge nyaleg teh modal pede tea, gelar teu boga, > modal teu boga,propesi ge ngan ukur jadi tukang goong, teu cara mitoha gelar > ngaderet tukang hareup, potona oge reuteum dimana mana, ditihang listrik > aya, dina dahan aya, dialun alun ngajeblag, saprak nyaleg paromana ngadadak > marahmay,unggal nu panggih diajak seuri. malah sakeudeung deui cenah nek > masang iklan ditipi,kabeh disebutan, dijadikeun baladna, patani baladna, > padagang baladna,nalayan oge baladna, nu teu kasebut teh ngan hiji, tukang > goong. > > Najan poto kuring teu reuteum, najan teu nyieun baliho, komo masang iklan > mah da eungap, tapi sakali wae kuring nihtirkeun goong wanci tengah > peuting, pasti saeusi lembur harudang, pasti saeusi lembur bakal arapal, yen > si enjum sikumis jekrem calon kuat partey rudet hate. Tah eta karek > nihtirkeun goong dilembur, kumaha mun nihtirkeun goong diluheureun monas, > pasti ibur salelembur ear sajajagat, unggal stasiun tipi ngaliput,unggal > koran jadi headline, jadi iklan haratis. Enjum tea, moal sapati pati wani > ancrub ka pulitik mun teu boga taktak, taktik jeung licik. Hidup Enjum! > Hidup tukang goong! Hidup partey "rudet hate"! > *nu tacan gaduh buku keom tiasa dipilari di gramedia bdg & books city* > > >

