Nu Kumaha Nu Disebut Ngabohong

 

Dawuhan Rosululloh Sholallohu 'alaihi wa sallam : "Hiji jalma geus pantes 
disebut ngabohong mun manéhna nyaritakeun satiap hal anu di déngé ku manéhna 
(bari teu nalungtik bener henteuna)" (Shahih Muslim)

 

Dawuhan Rosululloh Sholallohu 'alaihi wa sallam  "Bohong ka Alloh anu 
panggedéna nyaéta jalma anu ngaku nempo hiji hal tapi manéhna sabenerna teu 
nempo"  (HR Bukhari)

 

Ati-ati mun narima béja ti jalma fasik komo deui ti jalma kafir

 "Héy jalma-jalma anu ariman, mun datang ka maranéh jalam fasik anu mawa hiji 
béja, pariksa anu taliti, supaya maranéh teu ninggangkeun hiji musibah ka hiji 
kaum bari teu nyaho kaayaanana nu bakal ngabalukarkeun maranéh hanjelu tina éta 
pagawéan maranéh" (Al Hujuraat 6)

 

 

Kabiasaan ngabohong salah sahiji tanda akhir zaman

Dawuhan Rosululloh Sholallohu 'alaihi wa sallam :"Bakal datang taun-taun anu 
nipu, nu ngabohong dianggap jujur, nu jujur dianggap ngabohong, nu khianat 
dianggap amanah jeung nu amanah dianggap khianat jeung dina taun-taun éta 
Ruwaibidhah ogé pipilueun ngomong" Anjeuna ditanya:"Naon éta Ruwaibidhah téh ya 
Rosululloh?" Anjeuna ngawaler: "Jalma nu hina (déét élmuna) ngomong dina urusan 
nu gedé." (HR Ibnu majah)

 

Dawuhan Rosululloh Sholallohu 'alaihi wa sallam ti Abu Hurairah : "Dina akhir 
zaman bakal mucunghul tukang jalma-jalma gedebul gedé wadul nu datang ka 
maranéh bari mawa béja-béja anu can pernah manéh déngé jeung can pernah di 
déngé ku bapak-bapak maranéh saméméhna. Ku lantaran éta jauhkeun diri manéh ti 
maranéhna supaya teu nyasarkeun jeung mitnah maranéh (shahih Muslim)

 

Ngajauhkeun diri tina prasangka goréng ka sasama muslim

  "Hey jalma-jalma anu ariman,  jauhan kalolobaan prasangka, saéstuna sabagian 
tina prasangka mangrupakeun dosa jeung maranéh ulah neangan kasalahan jalma 
lain jeung ulah sok ngomongkeun kagoréngan sabagian nu lain. Naha diantara 
maranéh resep ngadahar daging dulurna nu geus paéh. Tinangtu maranéh ngarasa 
ijid kana hal éta. Jeung tarakwa ka Alloh. Saéstuna Alloh Maha narima tobat 
jeung Maha Mikawelas" (Al Hujuraat 12)

 

Dawuhan Rosululloh Sholallohu 'alaihi wa sallam  "Jauhan prasangka, lantaran 
saéstuna prasangka mangrupakeun ucapan anu pangbohongna" (HR Bukhari & Muslim)

 

Ngabohong salah sahiji tanda munafik

Dawuhan Rosululloh Sholallohu 'alaihi wa sallam "Tanda munafik aya tilu, 
sanajan jalmana song ngalakukeun sholat, puasa, nganggap diri salaku muslim : 
Mun ngomong sok bohong, mun janji khianat, jeung mun dibéré amanah khianat" (HR 
Bukhari Muslim)

 

Anceman kanu ngabohong

"Saéstuna Alloh moal bakal méré pituduh ka jalma-jalma anu ngaleuwihan wates 
jeung tukang bohong" (Ghafir 28)

 

 "Jeung maranéh ulah nuturkeun naon-naon anu maranéh teu boga kanyaho dina éta 
pasualan. Saéstuna pangdénge, panempo jeung haté, éta kabéh bakal di ménta 
tanggung jawabna" (Al Isra 36)

 

Pépéling pikeun urang saréréa

Dawuhan Rosululloh Sholallohu 'alaihi wa sallam ti Abu Hurairah : "Singsaha anu 
iman kana poé akhir, sakuduna manéhna ngomong hal anu hadé atawa jempé" (HR 
Bukhari)

Disclaimer   -   This  message  including any attachments and information 
contained
herein  ("Message" ) may contain  privileged information  or otherwise is 
protected
from  disclosure. Any  unauthorized use of this  Message  by any person may 
lead to
legal consequences.  If  you  receive this   Message  in error, or if the 
recipient
of this  Message  is not the intended recipient or the employee or agent 
authorized
for delivering this  Message to the intended recipient you are hereby notified 
that
any  disclosure,  dissemination, distribution  or copying of this Message or 
let or
cause this Message to be disclosed,disseminated, distributed, or copied is 
strictly
prohibited, and please notify the sender by  return message  and immediately 
delete
this  Message  from your system.   Incoming and outgoing  communications using 
this
electronic mail may be monitored by PT Arutmin Indonesia,as permitted by 
applicable
law and regulations. Unless it is made by the authorized person,any views 
expressed
in this Message  are those of the individual sender and may not necessarily 
reflect
the views of PT Arutmin Indonesia.

Kirim email ke