Wanoja, Indung Manusa


Mun diibaratkeun kana logam mulia, wanoja téh emas. Emas tea boga ejen luhur jeung mahal, nunda jeung makena oge ditempat nu hade. Jadi pantes mun sacara adat ogé agama, kacirina loba aturan nu dilarapkeun ka atawa pikeun wanoja. Cék salérét mah katémbongna siga nu ngahengker laku-lampah wanoja, padahal boh pikukuh adat boh agama, justeru pikeun ngajaga diri jeung ajén wanoja, sabab emas tea. Cara teu meunang indit-inditan sorangan, komo ti peuting jeung jauh, kudu aya nu nganteur pikeun jadi pangawal. Komo munggah haji mah, dikudukeun pisan aya batur lalaki nu masih muhrim, jsb. Lain hartina ngaheureutan ‘hak pribadi’ wanoja, tapi sabenerna pikeun protéksi atawa ngalindungi, kusabab ari wanoja mah, mun diibaratkeun kana logam téh, sarua jeung emas téa. Sedeng lalaki mah beusi. Kusabab emas, tangtu teu bisa sagayawah. Béda jeung beusi. Di kampung-kampung baheula mah, barudak lalaki bisa disebut teu pati dipaliré atawa teu pati dipiroséa ku kolotna. Sare di tajug atawa di bale oge teu nanaon. Béda jeung wanoja.

Kautamaan Wanoja
Mun noong tetempoan batur, cara Søren Kierkegaard, filsuf néoéksisténsialis urang Dénmark, kapanggih yén nu ngaran wanoja mah, boga ajén inajén atawa harkat nu béda unggal tahapan hirup nu kasorang ku dirina. Nincak umur beuki ngaluhuran tah ajéna teh, alatan posisi atawa statusna ogé robah jeung nambah. Cék manéhna mah, salaku pangantén, wanoja leuwih geulis tibatan masih parawan. Salaku istri hiji salaki, wanoja jadi leuwih geulis, sabab geus hirup papasangan, geus jadi pangawasa di rumah tangga. Kecap “pamajikan” teh cenah asalna ti kecap “majik”, nu hartina cicing atawa dumuk. Jadi istri téh nu dumuk di bumi atawa panguasa imah. Harti beh dieu, bisa ti “majikan”, nu hartina nya meureun dunungan atawa bos, ka saha salaki nyetorkeun panghasilanana, jeung nu ngatur pangaluaran rumah tangga. Istri robah atawa nambah status jadi indung. Parobahan katara oge dina aurana. Geura ari keur kakandungan, raray hiji istri sok cahayaan. Siga nu méré tanda yén éta istri téh calon indung, keur ngasuh calon manusa dina rahimna. Geus ngalahirkeun, salaku indung, wanoja jadi langkung geulis tibatan panganten. Salaku istri jeung indung, wanoja teh éstuning nu jadi matak dunya terus muter mangtaun-taun kahareup. Kumaha mun éta wanoja geus jadi nini? Ajéna malah beuki luhur deui sabab jadi sumber pikeun sasaha, jadi pananggeuhan jeung tujuan saréréa. Sok we geura, mun budak ménta duit ka kolotna teu dibéré, aya nini, pasti lumpatna ka nini, da nini mah gedé kamungkinana bakal méré! Nini atawa enin (nya aki oge sebut wé, bisi pundung) jadi tujuan saréréa unggal mudik lebaran. Bibi, mamang, ua, kitu deui kolot sorangan, marudik lebaran teh ka sepuhna utamana ka indungna, nya nini téa. Dina soal kanyaah nu jadi nini ka incu-incuna ketembongna leuwih gede batan ka anak-anakna. Pangna kitu, kahijina, nya da anak-anakna geus gedé, kaduana, sigana nempo incu téh aya rasa waas atawa kahudang rasa, jadi panineungan nini ka mangsa keur ngora, keur boga budak laleutik kénéh. Ogé yen incu nu balatak teh nu baris neruskeun katurunan. Munggah haji lir ibarat mudik ka nini. Deukeutna ka Siti Hajar (garwana nabi Ibrahim), jauhna ka Siti Hawa, pasangan nabi Adam téa- pasangan manusa munggaran di alam dunya. Ngaran wewengkon di Arab Saudi nu pangheulana didatangan ku nu munggah haji ti sabrang, boh nu maké kapal laut boh nu maké kapal udara téh, kota palabuhan Jedah. Ari kecap “jedah” teh basa Arab nu hartina “nini”. Naha wewengkon éta disebut kitu? Sabab cenah di dinya pisan aya makam Siti Hawa. Di urang baheula, anak nu lahir ku cara teu sah (kolotna teu akad nikah heula), sok disebut “anak jadah”. Sabab kalolobana baheula, si anak sok terus dikukut ku ninina! Salah sahiji rukun haji, nyaeta Sya’i téa, lumpat leutik ti Syafa ka Marwah, minangka ‘napak tilas’ baheula basa Siti Hajar lulumpatan néangan cai pikeun anakna, Ismail. Eta siloka pikeun ngajenan para ibu, indung nu ngandung, pikeun ngarasakeun kumaha indung susah payah ngurus barudakna. Numutkeun hadis Nabi, kautamaan indung lobana atawa darajatna tilu kalieun bapa. Tangtu kitu. Sabab ti indung manusa lahir, tugas bapa mah ngan ukur jadi donor sperma nu ngangkut kromosom X. Cék élmu Biologi mah, manusa teh dasarna kromosom Y, nu nyampak di indung jeung Y eta teh ciri kromosom wanoja. Nu jadi lalaki, katambahan kromosom X ti bapa. Jadi kromosom wanoja rumusna YY, kromosom lalaki XY, hartina, sabenerna mah di diri lalaki, aya unsur wanoja nu jadi dasar kromosom manusa. Mun urang nganjang ka kebon binatang, katembong merak nu endah buluna teh merak jalu. Kitu deui, singa jalu nu buluna panjang teh. Hartina, di dunya sato mah nu endah teh jalu. Sabalikna, di dunya manusa mah nu endah atawa geulis sacara lahiriah teh wanoja. Malah salian ti ciri lahiriah atawa bakat alam eta, wanoja boga cara deuih pikeun nambah atawa mapaes kaendahan atawa kageulisan nu geus jadi ciri wanoja eta, nyaeta ku cara dangdan tea.

Wanoja Dina Babasan & Paribasa
Di dunya, nu cek si cenah dikuasa ku lalaki ieu, geus nempatkeun wanoja dina posisi nu dianggap nomer dua. Cara babasan baheula, “awewe dulang tinande”, nu nunjukkeun nasib hiji istri kumaha salaki. Eta dina mangsa istri can milu neangan kipayah cara jaman kiwari. Tapi babasan kitu bisa keneh kapake ayeuna dina soal kapamingpinan di rumah tangga, yen salaki nu jadi pilot, istri jadi kopilot. Tapi sanajan kitu aya “awewe mah gede bendunganana” nu hartina, wanoja mah leuwih kuat narima pangajak kalakuan nu teu bener (Ajip Rosidi, 2005:26). Loba babasan nu nunjukeun kautamaan atawa muliana hiji indung. Aya babasan duka timana asalna (sigana ti Arab), yén “sorga teh ayana dihandapeun dampal suku indung”. Babasan éta lain hartina naraka aya handapeun dampal suku bapa, tapi pikeun nembongkeun yén indung teh mun dibanding pasanganana, bapa téa, posisina leuwih utama. Kukituna mah pantes jeung geus sawajarna mun sok aya manusa ménta hampura ka indung bari jeung sujud atawa nyium suku indungna. Ongkoh dan pangeran moal rido ka hiji manusa mun indung (bapa) éta manusa teu rido. Bakat ku luhurna ajén atawa harkat martabat indung, urang Yahudi mah boga babasan nu aheng, “pangéran nyiptakeun indung sabab pangéran teu bisa aya diunggal tempat.” Urang Yahudi nepi ka boga babasan nu ‘nabrak’ sipat pangeran kitu bakating ku luhurna ngajénan kanu jadi indung. Dina babasan jeung paribasa di urang, indung loba dipaké mikeun ngagambarkeun mangrupa-rupa perkara. Cara “indung peuting”, “indung suku”, “ibu pare” “indung beurang”, malah di bahasa nasional mah aya kecap “ibu kota” sagala pikeun puseur dayeuh nagara. Fitrah indung papasangan jeung bapa, jadi aya “indung hukum bapa darigama”, “indung lembu bapa banténg”. Ka saha urang munjung jeung muja sangkan hirup bagja, lain ka , nyaéta “munjung ka indung muja ka bapa” sabab “indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat” oge sabab “indung nu ngandung bapa nu ngayuga”. Unikna, unggal babasan atawa paribasa nempatkeun indung ti heula. Punten we ka para bapa! Wanoja teh tihang nagara. Ari nagara aya tilu unsurna nyaéta rahayat, wilayah jeung nu ngurus. Ayana rahayat jeung nu ngurus nagara teh apan sasatna mah dilahirkeun ti rahim indung, Lian ti ngalahirkeun manusa, ogé indung teh apan nu sacara tradisional jeung empiris nu leuwih loba waktu jeung deukeut jeung barudak. Hartina, indung pisan nu leuwih loba méré pangaruh mangrupa atikan, utamana étika, ka barudakna. Rumah tangga teh bisa diibaratkeun nagara leutik. Matak indung atawa istri sok disebut “ratu rumah tangga.”

Wanoja Leuwih Kuat
Wanoja, kusabab ditakdirkeun pikeun kakandungan, cék si cenahm jadi boga bakat atawa naluri ngurus. Leutik kénéh oge wanoja mah geus bisa milu mantuan kolot ngurus imah. Kiwari, kusabab nagara can bisa nyadiakeun tempat gawe pikeun sakumna rakyat, bakat eta dijadikeun modal pikeun nyiar kipayah nepi ka luar negeri. Ayeuna milyaran devisa dikaririm ti luar negeri, ku para wanoja nu digarawe jadi TKI tea. Kalolobana digawe jadi rencang, ngurus rumah tangga nu jadi dunungan. Sok sanajan ngan jadi rencang, para wanoja eta meunang jujuluk pikeun ngajenan, nyaeta “pahlawan devisa” tea. Kusabab tugasna leuwih ti lalaki, nu utamana mah ngalahirkeun manusa, wanoja dibere kamampu leuwih kuat jauh tibatan lalaki. Kaasup nahan kanyeri basa keur ngalahirkeun. Sanajan kitu, kamampu wanoja dina soal kakandungan disaluyukeun jeung umurna. Geus nepi ka umur nu tangtu, wanoja eureun kareseban atawa menstruasi, nu jadi tanda pangsiun ti kamungkinan bisa ngandung jeung ngalahirkeun. Tada teuing ripuhna mun nini nu sepuh masih keneh ngandung. Sanajan teu nalungtik statistik, ku lobana bukti nunjukkeun yén pikeun nu kungsi hirup rarabi, papasangan mangtaun-taun terus hirup nyorangan, wanoja leuwih kuat hirup nyorangan batan lalaki. Geura upami nini pupus tipayun, aki téh sok tara lami ngaduda, da sok teras nuturkeun nini ka ahérat. Sabalikna mun aki pupus ti payun, nini mah sok ngaranda teh rada lami. Salah sahiji alesan, sigana, sabab nini jadi leuwih santai, da pangsiun ngurus aki. Eta nembongkeun kaayaan yen nini mah langkung kuat batan aki, tapi aki mah, nu biasa diurus nini, kaciri ripuh mun kudu hirup teu dibarengan nini.

------
kamari indung budak milangkala, poho. beu....
hadena we bageur. teu pundung... 

Kirim email ke