Nami "Oryza Sativa" tos dianggo di Balikpapan ku Travel Agent sabuder taun
80 an akhir...PT Oryza Sativa

On 1/20/09, Roro Rohmah <[email protected]> wrote:
>
>    Wararaas ari emut ka sampeu Manihot teh…
> Jenatna pun aki, ari nyebat Manihot teh Marnehot, abdi kuat ka
> ceuceuleuketeukeun ngadanguna ge hihihihii… "Haaaar… ari Nyai kunaon?" saur
> pun aki bari olohok.
>
> Ari pek teh lebet ka SMA kaleresan nyandak jurusan Biologi sihoreng nami
> latin sampeu *manihot utilisima*. Sae oge dianggo nami jalmi pami ngemut
> kana mangpaat sampeu ti ngawitan beuti dugi ka daunna.
>
> Kantos aya rerencangan pun bapa, nganggo nami latin beas *oryza sativa*.
> Pami urang Jawa mah sok sering ngadangu nami Sri tina Dewi Sri panginten,
> pami urang Sunda mah asa langki. Harepan sepuhna panginten dina enggoning
> ngalakonan hirup meh siga pare, tambih "eusian" tambih tungkul. Jigana sae
> oge Oriza Sativa dianggo ku urang Sunda, meh nenehna janten Ijah… hehehe.
>
> ro2
>
> >>> [email protected] 01/19/09 10:00AM >>>
> > "Bullah, Has" <has.bul...@...> wrote:
> > Ckckck salut euy ka kang Waluya masih keneh apal pelajaran Biologi.
> > Leres kang Manihot ngaran latin tina sampeu alias cassava ceuk urang
> > cikapundung mah
>
> Ah apal teh pedah we baheula di lembur, cenah sampeu nu pulen teh
> sampeu manihot. Tapi sanggeus diajar biologi, geuning Manihot teh lain
> aran jenis sampeu, tapi aran sejen tina sampeu. Jadi weh inget wae
> sanajan diajar biologi geus lila, baheula 30 taun katukang ....
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke