naha urang embung kageuingkeun ka nu ngajak beunghar. dituduh. dicap...
MANEH LAIN URANG! lain gusti ge ngajak beunghar ku nitaH ngajakat? lain
rukun islam katilu teh mere jakat lain narima jakat? paribasa ge nyebut..
leungeun diluhur, leungeun nu nangkub, jauh leuwih hade tinimbang leungeun
tumamprak, nu sadrah, sadaya-daya sapamere. lain urang ge wawuh kana
paribasa sejen: mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun
teu ngoprek moal nyapek... lain di dinya ge aya ajaran pikeun ULAH MISKIN?
kamiskinan lain hiji hal nu kudu disukuran, lain hal nu kudu dipasrahan
disadrahan. namprak... kamiskinan kudu dilawan! diancurkeun.... ulah sina
hirup di dunya!!! jadi miskin, bener... ceuk mang ucup, ngerakeun!.. aib
gede nu kudu dileungitkeun!!.... turutan partai partai pulitik, nu ampir
kabeh boga misi: ngancurkeun kamiskinan... ngan edas kalolobaan ukur jadi
barang jualan...

duq
instruktur ngojay meri


d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

Kirim email ke