Assalaamu' alaykum Punten baraya, salah ngirim alamat :D
wassalaam apri ----- Ursprüngliche Mail ---- Von: M. Apri <[email protected]> An: [email protected] Gesendet: Mittwoch, den 21. Januar 2009, 20:11:10 Uhr Betreff: Database urang sunda Assalaamu' alaykum wr.wb, Para wargi sadaya, Alhamdulillaah dinten Ahad kamari, silaturahim urang Sunda di Nederland tiasa kalaksanakeun di bumina ibu Emma sareng Pak William di Rotterdam kalawan lancar. Sim kuring salaku peserta silaturahim ngahaturkeun nuhun pisan kanu gaduh bumi anu tos nyayogikeun tempat sareng konsumsi anu kalintang hebohna (sapertos sangu kebuli, sangu bodas sareng menu Sunda khasna, ti goreng asin, gepuk, hayam goreng, dugi ka sambel oncom lengkep sareng lalabna ti bonteng dugi ka surawung lengkep kep kep ... *kasiaaaan deh yg gak dateng :P*). Poto silaturahim nyusul.... Salah sawios hasil silaturahim nyaeta proyek ngadamel database urang sunda nu ngumbara di Nederland ieu. Sapalih parantos dipidamel sanaos kirang lengkap keneh. Kukituna, mangga dilengkepan. Anu teu acan, mangga tiasa ngeusian database di http://groups.yahoo.com/group/sunda-nederland/database?method=reportRows&tbl=1 teras dipencet Add Record. Dina database, sim kuring nyeratkeun tabel database-na nganggo bahasa Indonesia, kumargi teu terang basa sundana. Anu terang basa sundana, dihaturanan bantosanna kanggo nerjemahkeun kecap dihandap: Nama Lengkap: Nami lengkep (?) Tempat tanggal lahir: Jenis kelamin Hatoer noeheon. Wassalaam, apri

