Haturan Baraya.

Di jalan raya, hususna di kota-kota, loba jalma make seragam niupan 
piriwit bari ngulang-ngulang leungeun. Lamun dititenan, ratar-rata 
awakna lalintuh. Beuteung bucitreuk, pipi kembu.
Daharna naon nya?

Hiji mangsa kuring balik gawe, naek metro mini. Naek teh di deukeut 
halteu baswey Dukuh Atas. Teuing aya naon, jalan teh maceeet pisan. tong 
boro metro mini, dalah motor anu biasana giras seselendep, harita mah 
nagen, teu bisa kamamana.

Di Sudirman (Jakarta), jalan teh aya dua jalur, jalur lambat jeung jalur 
cepat. Jalur cepat khusus keur mobil pribadi jeung taksi, sedeng jalur 
lambat keur mobil penumpang umum sejenna jeung motor.

Tah waktu macet tea, di jalur cepat mah lumayan lancar, sanajan teu bisa 
kecepatan tinggi oge. Anehna, sanajan jalur cepat teh husus keur mobil 
pribadi jeung taksi, tapi loba oge beus umum jeung metro mini anu ngaliwat.

"Coba tadi ngambil kanan", kadenge kenek metro mini anu ditumpakan ku 
kuring ngomong ka supirna. kabeneran kuring diuk dina 'jok' (padahal 
ngan ukur pelat beusi anu dilas kana bodi mobil, ngawangun korsi 
panjang) anu pang tukangna. penumpang anu di 'jok' tukang ngalieuk ka 
kenek tea. Ngarasa di perhatikeun, terus we si kenek teh "Curhat":

Kemacetan kieu teh sigana disengaja ku pengatur lalulintas, jalur lambat 
di macetkeun, jalur cepat di lancarkeun. Tujuana sangkan beus-beus umum 
ngambil jalur cepat.Cenah lamun metromini atawa beus asup ka jalur 
cepat, moal ditangkep, asal mayar duit.

lamun ti lebah Dukuh Atas, kaluar di Semanggi, mayarna Rp. 10.000,- , 
lamun ti lebah Karet, mayarna Rp. 5000,-. eta duit teh dibikeun ka 
'jalma biasa' anu cicing handapeun tangkal samemeh Univ. Atma Jaya. Ceuk 
kenek eta, duit eta teh engkena mah disetorkeun deui ka Pulisi. 
Bayangkeun, hiji beus 10.000,-, sabaraha puluh beus tah dina sa jam. 
sabaraha ratus dina sapoe. kali 10.000

Ooh.... pantesan pulisi beuteungna buncir.



Kirim email ke