hahaha....... naha bet jadi tatarucingan kang...... tapi sae lah..... ulah serius teuing nya...... bade ngiring mairan ah..... ari saur kuring mah endog heula..... naon sababna da ari ka warung bade meser endog nyebatna ENDOG HAYAM.... tara HAYAM ENDOG...... sanes kitu.......(sanes....) hehehe..... salam ADY thea... (nyumput deui ah....)
________________________________ From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Arie Eko Nugroho Sent: Friday, January 23, 2009 9:55 AM To: [email protected] Subject: RE: [Urang Sunda] Pulisi Buncir Puguhan saur pun bojo mah upami ditaros, "kunaon macet, aya naon macet?" Diwalerna the, sabab aya pulisi da lamun teu aya pulisi mah geura moal macet .... Janten macet heula pulisi heula? Hayam heula endog heula ? Salam, ARIE From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Irpan rispandi Sent: 23/Jan/2009 5:48 AM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Pulisi Buncir Haturan Baraya. Di jalan raya, hususna di kota-kota, loba jalma make seragam niupan piriwit bari ngulang-ngulang leungeun. Lamun dititenan, ratar-rata awakna lalintuh. Beuteung bucitreuk, pipi kembu. Daharna naon nya? Hiji mangsa kuring balik gawe, naek metro mini. Naek teh di deukeut halteu baswey Dukuh Atas. Teuing aya naon, jalan teh maceeet pisan. tong boro metro mini, dalah motor anu biasana giras seselendep, harita mah nagen, teu bisa kamamana. Di Sudirman (Jakarta), jalan teh aya dua jalur, jalur lambat jeung jalur cepat. Jalur cepat khusus keur mobil pribadi jeung taksi, sedeng jalur lambat keur mobil penumpang umum sejenna jeung motor. Tah waktu macet tea, di jalur cepat mah lumayan lancar, sanajan teu bisa kecepatan tinggi oge. Anehna, sanajan jalur cepat teh husus keur mobil pribadi jeung taksi, tapi loba oge beus umum jeung metro mini anu ngaliwat. "Coba tadi ngambil kanan", kadenge kenek metro mini anu ditumpakan ku kuring ngomong ka supirna. kabeneran kuring diuk dina 'jok' (padahal ngan ukur pelat beusi anu dilas kana bodi mobil, ngawangun korsi panjang) anu pang tukangna. penumpang anu di 'jok' tukang ngalieuk ka kenek tea. Ngarasa di perhatikeun, terus we si kenek teh "Curhat": Kemacetan kieu teh sigana disengaja ku pengatur lalulintas, jalur lambat di macetkeun, jalur cepat di lancarkeun. Tujuana sangkan beus-beus umum ngambil jalur cepat.Cenah lamun metromini atawa beus asup ka jalur cepat, moal ditangkep, asal mayar duit. lamun ti lebah Dukuh Atas, kaluar di Semanggi, mayarna Rp. 10.000,- , lamun ti lebah Karet, mayarna Rp. 5000,-. eta duit teh dibikeun ka 'jalma biasa' anu cicing handapeun tangkal samemeh Univ. Atma Jaya. Ceuk kenek eta, duit eta teh engkena mah disetorkeun deui ka Pulisi. Bayangkeun, hiji beus 10.000,-, sabaraha puluh beus tah dina sa jam. sabaraha ratus dina sapoe. kali 10.000 Ooh.... pantesan pulisi beuteungna buncir. DISCLAIMER: The information in this message is confidential and may be legally privileged. It is intended solely for the addressee. Access to this message by another person is not permitted. If you are not the intended recipient, any disclosure, copying, distribution or any action taken or omitted to be taken in reliance on it, is prohibited and may be unlawful. If you have received this e-mail by mistake, please e-mail the sender by replying to this message, and deleting the original and any printout thereof. Legal Department. ________________________________ Disclaimer: The information in this message is confidential and may be legally privileged. It is intended solely for the addressee. Access to this message by another person is not permitted. If you are not the intended recipient, any disclosure, copying, distribution or any action taken or omitted to be taken in reliance on it, is prohibited and may be unlawful. If you have received this e-mail by mistake, please e-mail the sender by replying to this message, and deleting the original and any printout thereof. Legal Department

