Teu karasa nyerelekna poe ngendatna waktu, horeng abah teh geus kolot. Samemeh lekasan dicabut umur, paneda teh ngan sarupa, mugia tampi ieu gerentesing pikir, panasaran hayang nepikeun lalangse hate, tanda nyaah ka balarea utamina ka anak incu nu kiwari geus manjing dewasa. Oge pikeun barudak ngora, nu tangtu engke mah baris karolot saperti abah ayeuna.
Kiwari abah geus rempo.. Kahayang mah lila keneh hirup di alam dunya teh. Kangaranan geus kolot mah bet asa karasa pisan bedana upama dibandingkeun jeung pajamanan baheula waktu keur ngora. Boh tanaga, boh pikiran, kahayang atawa pangawakan. Nya kudu ngamaklum we pikeun jalma kolot saperti abah mah sok gampang ceehan, alias babarian kasinggung gede rasa jeung rumasa. Kukituna, mugia aya dina kasabaran jeung hampurana lamun tea mah dina tata jeung ucap abah kurang merenah, ngomong sabulang bentor teu puguh alang ujurna. Jajauheun aya dina kasopanan mah. Mun tea mah abah kungsi mahekeun kuah kana pakean hidep, atawa poho deui kumaha nalikeun tali sapatu kusabab geus pikun tea, paralun kudu dimaklum. Eta mah itung-itung ngelingan we yen baheula ge hidep keur leutik kungsi ngalaman sarupa kitu. Pan kungsi ku abah dipapatahan. Saupamana bae abah kungsi cumeluk atanapi cumarita ka maraneh, padahal eta caritaan teh kungsi nepi ka sababaraha kali ditepikeun ka hidep. Tangtu bakal ngabosenkeun. Omat sing sabar narimana. Jeung hampura we, dalah teu dihaja. Eta mah dalah sabab kataledoran jeung kahilapan abah nu geus pikun. Atuh dina ngabandungannana ulah teh teuing motong kalimah atawa ngahagal ngilu nimbrung. Tadi ge pan geus disebutkeun yen jalma kolot mah sok ceehan jeung gampang pundungan. Hiji waktu mah tangtu abah ngarasa hayang pisan dimandian ku hidep. Tong dicarek nya, komo bari jeung disalahkeun mah. Sing inget, yen baheula ge waktu hidep keur leutik, sok remen menta dimandian ku abah. Geuningan kungsi maraneh ge di olo ku abah supaya buru-buru mandi, kalawan dibarengan ku hate abah nu pinuh ku kadeudeuh jeung katresnan. Upama bae iraha-iraha abah baluweng meunang kabingung nyanghareupan paparabotan teknologi moderen, poma ulah di seungseurikeun, komo bari jeung dijejeleh mah. Laku kitu teh jauhan pisan nya. Bisi doraka ka kolot mah. Pan baheula ge kungsi hidep tetelepek tumanya ka abah: "Naon eta, kunaon kitu, naha bet kieu", jeung sajabana. Kiwari suku abah duanana geus rarempo, leumpang ge asa rarampeolan. Kade, paralun ulah dek nyeungseurikeun. Anggur mah pek ku hidep geura beyeng cepengan kalawan hate hidep nu pinuh kadeudeuh, jajauheun atuh ari kudu diakod mah. Sing inget baheula ge waktu hidep keur leutik apan ku abah mindeng di papah ditungtun supaya lancar diajar leumpang. Oge sing inget, mun tea mah abah engke merlukeun bantuan hidep, malahan nepi ka ceurik-ceurik balilihan, cing perlukeun pisan geuwat- geuwat datang. Bantuan abah sakumaha mistina, ulah pisan dilalaworakeun, pedah hidep keur aya dina kasibukan usaha bisnis atawa sibuk ku pagawean. Waktu hidep keur orok keneh ge, pan abah pisan nu ngaping ngajaring hidep teh 24 jam, dibelaan tisusut tidungdung. Ceuk paribasa tea mah suku dijieun hulu, dalah melaan kasalametan aranjeun. Mun tea mah abah diparengkeun poho kana leunjeuran carita, poma ulah lelewodeh nyapirakeun omongan abah. Mun tea mah aya kasalahan, hampura pisan, da memang lain dihaja. Kahayang jeung harepan abah mah, supaya hidep sakabeh salilana aya di sagedengeun abah. Asa reueus abah teh mun seug diriung riung ku dulur jeung anak incu. Mun pareng datang mangsana jaga abah geus kolot pisan, omat ulah nembongkeun jeung mere kasusah jeung kasedih. Malahan berean abah ku caritaan nu pikagumbiraeun itung-itung pangbeberah pikeun kakuatan sesa hirup abah. Supaya abah mun tea mah geus waktuna dicabut umur, abah teh meureun reueus jeung teger aya dina lahunan hidep. Saperti baheula sawaktu hidep keur laleutik, pan ku abah dipepende jeung diayun ambing. Abah inget keneh, waktu baheula hidep keur mimiti lelengkah halu, abah sok remen kakawihan sabari mamangku hidep, taya lian supaya hidep jadi jalma nu tareuneung ludeung wani nyanghareupan hirup engke jaga mun geus sawawa. Jiad pangrajah abah malah ditamplokeun pisan pikeun hidep, dibarengan ku do'a kanyaah abah nu clik putih clak herang kaluar tina sanubari abah nu tanpa pamrih. Pamungkas catur, regepkeun ku hidep sakabeh! Isuk jaganing geto mun pareng geus cunduk ka waktu ninggang kana mangsana abah ngababatang dipundut umur kunu kawasa, paneda teh ngan sarupa. Tarimakeun bakti jeung kanyaah abah pikeun anak incu sakabeh. Jajapkeun ku do'a pikeun kasalametan abah di alam kubur. Jeung deui menta hampura, rumasa abah loba dosa jeung kasalahan. Muga-muga anak incu sakabeh, sing rarukun jeung dulur oge jeung papada sasama insan. Jauhan adat dengki jeung takabur, rasa sombong adigang adiguna pinter aing henteu batur. Berehan jeung nyaah ka sasama, nulung kanu butuh nalang kanu susah. Da kangaranan hirup di dunya mah saukur anjang- anjangan. Cag, sakitu pamenta jeung harepan abah pikeun anak incu sakabeh. Mugia waluya salalawasna ! Mang Ucup Facebook Email: mang.ucup<at>gmail.com

