> wahyu spl <wahyu...@...> wrote: > sumuhun ua, eta mah tos pasti janten piriweuheun..komo deui kang > harun teh nyandak misi islam,tapi kuayana eta minimal tos aya > pembanding supados teu kacandak teuing ku jang darwin....
Saleresna mah bade kacandak atawa moal ku Teori Darwin, tetep we manusa mah lamun gering ngadahar ubar. Padahal ubar nu diteureuy teh, tadina samemeh dipake ka manusa, dicobaan heula ka monyet ..hahaha. Lamun monyet cageur, hartina bisa dipake ka manusa. Jadi, monyet teh ....sarua jeung manusa? Nya duka teuing, ngan nu jelas Indonesia teh kaasup eksportir gede sakadang monyet keur industri farmasi dunya. Sigana lamun kaum monyet di Indonesia bisa nyarita siga bangsa manusa meureun kukulutus kieu: "Kurang ajar tah si Darwin teh, bangsa aing disebut sakaruhun jeung manusa, tepika bangsa aing dijieun percobaan keur kahirupan manusa!" Salam, WALUYA

