> From: ua duq >... kunaha kedah dilema bah? geuleuh oge ka amerika? haha...
Hahahaha ......pan loba demo jeung sagala rupa nu nyarekan Amerika, nya kabawakeun ngilu geuleuh ka Amerika : "Ambruk siah Amerika". Mukjizat .....doa teh dikabulkeun, Amerika satengah bangkrut. Ngan orakaya geuning nagara urang jadi kababawa tigejebur asup kana krisis, dollar nerekel naek, cenah PHK gede-gedean sakeudeung deui ...jrrd. Tah ayeuna kudu kumaha, ngaharepkeun Amerika hudang deui ekonomina atawa tetep ngaharepkeun Amerika bangkrut pisan? Bingung kuring mah ..... Baktos, WALUYA

