Sok atuh ka urang Sunda, urang sami2 tembongkeun yen ki Sunda teh aya. Tembongkeun identitas kasundaan di sagala widang, utamana nu kacida urgen mah dina widang teknologi Informasi anu (ceuk kuring mah) kacida ngabelesatna kamajuannana.
Simkuring ge kakara ayeuna sadar yen kuring teh urang Sunda, anu sakuduna ngamumule budaya Sunda (utamana Bahasa Sunda). Salila 29 taun ka tukang kuring hare-hare kana kasundaan, kusabab meureun kajejel Ku budaya-budaya anu teu nyunda, boh dina media, buku-buku, iptek, jrrd., hese pisan neangan anu nyunda tehthe (langka), paling dina manggihan ge kualitasna, teu nyugemakeun. Padahal kuring hirup jeung huripna teh di puser dayeuh Jabar anu notabene lingkungan Sunda. Komo deui meureun keur daerah2 anu kahirupanana paadek langsung jeung Ibukota Indonesia. Meureun hese pisan manggihan kasundaan teh. Jeung meureun maranehna mikir pondok, naon untungna aya mata pelajaran basa Sunda pikeun budak sakola, lamun eta pelajaran teh taya mangpaat keur nu diajarna. Leuwih hade diganti Ku pelajaran anu bisa di aplikasi / kapake, contona basa Inggris, pelajaran komputer, pelajaran berwirausaha, jrrd. Baktos, Abu Ula

