Ngeunaan IT sunda,
kuring teh boga cita-cita hayang nyieun artikel, buku malah nepi ka
novel, ngeunaan IT dina basa sunda.
ngan nya kitu, he..he..he.. ari kana kahadean mah hese beleke diri teh.
asa beurat rek nulis "Abstrak" oge.(emangna skripsi)
Abu Ula wrote:
Sok atuh ka urang Sunda, urang sami2 tembongkeun yen ki Sunda teh aya.
Tembongkeun identitas kasundaan di sagala widang, utamana nu kacida
urgen mah dina widang teknologi Informasi anu (ceuk kuring mah) kacida
ngabelesatna kamajuannana.
Simkuring ge kakara ayeuna sadar yen kuring teh urang Sunda, anu
sakuduna ngamumule budaya Sunda (utamana Bahasa Sunda). Salila 29 taun
ka tukang kuring hare-hare kana kasundaan, kusabab meureun kajejel Ku
budaya-budaya anu teu nyunda, boh dina media, buku-buku, iptek, jrrd.,
hese pisan neangan anu nyunda tehthe (langka), paling dina manggihan
ge kualitasna, teu nyugemakeun. Padahal kuring hirup jeung huripna teh
di puser dayeuh Jabar anu notabene lingkungan Sunda.
Komo deui meureun keur daerah2 anu kahirupanana paadek langsung jeung
Ibukota Indonesia. Meureun hese pisan manggihan kasundaan teh.
Jeung meureun maranehna mikir pondok, naon untungna aya mata pelajaran
basa Sunda pikeun budak sakola, lamun eta pelajaran teh taya mangpaat
keur nu diajarna. Leuwih hade diganti Ku pelajaran anu bisa di
aplikasi / kapake, contona basa Inggris, pelajaran komputer, pelajaran
berwirausaha, jrrd.
Baktos,
Abu Ula
--
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!