Sajaba ti Undang-undang Dasar teh, aya perangkat hukum sejen nu teu dipalire ku 
Juragan Gubernur teh, diantarana Perda No. 5 taun 2003 ngeunaan pemeliharaan 
Bahasa, Sastra, jeung Aksara Daerah, oge kaputusan Gubernur samemehna nu 
ngawajibkeun basa Sunda diajarkeun nepi ka SMA. 

Kajaba ti eta, mun tea mah konpensasi Minyak tanah kana Gas, lamun konpensasi 
Basa Sunda, kana naon? Kana basa Batawi? ti mana ngayakeunana? Aya jurusan Basa 
Betawi di alam dunya? Saha nu ngajarna? Pamikiran nu kaliwat pragmatis ieu, 
bisa jadi ciciren yen Juragan Gubernur kurang asak jeujeuhan, pangna dina 
kasundaan.

Atuh kaayaan kieu teh jauh mula-melu jeung nu kajadian sabulan ka tukang, nya 
eta di unggal wewengkon nu rek dihapus basa Sunda (pangajaran), Pemda ti eta 
wewengkon muka lowongan PNS guru basa Sunda nu wuwuh pikabungaheun, di Bekasi 
aya leuwih ti 5 formasi, Depok 14 formasi), atuh bisa jadi tarekah nu dilakonan 
ku Pemda Depok jeung Bekasi teh ukur tambuh laku. Ayeuna kudu jadi pananya oge, 
naha enya alesan Juragan Gubernur teh pedah pamenta ti masyarakat Depok, atawa 
pamenta "pesenan" ti kelompok-kelompok nu tangtu, nu teu betah mun 
budak-budakna kudu diwewelan sirahna ku lokalitas basa Sunda. 

Teu apal tah, naon alesan nu leuwih asup akalna pangna Juragan bisa ngumumkeun 
hal ieu dina konferensi jeung Tokoh Masyarakat di Horison, tuluy kumaha pairan 
tokoh masyarakat dina eta pasemoan. Atawa boa-boa, nu disanghareupanana, tokoh 
masyarakat "Planet Venus", lain inohong Sunda (Da ari di dinya aya inohong 
Sunda, piraku teu mairan??).

Nembe deui kenging beja ti nu tiasa dipercaya (Majelis Sastra Bandung) Juragan 
oge tos ngalarang jaipongan pedah ngandung 3G (Goyang, Geol, jeung Gitek). Rek 
Kumaha? Pulitik!

Baktos
-Adit-

--- On Thu, 2/5/09, waluya56 <[email protected]> wrote:

From: waluya56 <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] Pasal 32 UUD 1945 --> Re: Bekasi & Depok: Basa Sunda 
bakal dipupu
To: [email protected]
Date: Thursday, February 5, 2009, 1:49 PM











    
            > "Edi Junaedi aka izzy_rizky" <edo_...@... > wrote:

> Meni rajin kang Waluya mah euy maca UUD...

> duka kang ah abdi mah teu ngartos hukum, hiji we nu ngartos teh 

> hukum karma kang....



Har ari manawi teh, sakaterang kuring mah UUD45 teh diajarkeun ti SD

tepi ka SMA, lamun teu salah mah dina pelajaran PPKN kitu?



Sok atuh geura tingali, da teu seueur pasalna UUD45 mah, lumayan jadi

terang kontitusi nagara Indonesia ....



Baktosna,

WALUYA




 

      

    

           
  
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke