ka si helmi atawa bangsa deungeun, sina baralik deui we kalemburna, digawe di kebon kopra atawa jadi jaradi karuhuna deui.
mj http://geocities.com/mangjamal http://mangjamal.multiply.com Helmi Yahya, selebriti di Indonesia nu aslina urang Palembang nyakolakeun budakna di Bekasi. Ceuk manehna pelajaran Basa Sunda di SD nyababkeun stress keur budakna. Loba kaum Urban di Bekasi, Tangerang jeung Depok sapamadegan jeung Helmi Yahya. Padahal budak ayeuna mah diajar oge Basa Inggris, komo di sakola Islam mah ditambahan Basa Arab. Naha ukur Pelajaran Basa Sunda nu nyababkeun stress budak? Sababna mah gampang, kolotna nu embung/nolak aya pelajaran basa Sunda, jadi weh budakna stress. Da lamun kolotna antusias mah, budakna ge moal stress .....

