Assalamu'alaikum,wr.wb. ka sadaya baraya sunda...
ku naon simkuring bet masihan judul sapertos diluhur...:-?
ieu mangrupakeun tanggapan ti simkuring ngeunaan pasualan nu ayeuna 
keur heboh, nyaeta dibatesna kasenian nu ngandung 3G, kaasup dijerona 
jaipongan...
simkuring jadi inget carita ustadz basa pangaosan, harita ustadz 
nyaritakeun jaman kanjeng nabi muhammad ngawitan nyebarkeun islam di 
arab. harita kasebat jaman jahiliyah/jaman kabodoan, dimana jalma2 
arab harita ngabogaan budaya ti karuhunna nu diantarana; nyembah 
berhala, judi, mabok, lacur, tari2an anu nembongkeun aurat katut 
gerakanna (ngandung 3G), maehan budak awewe, jsb. ku datangna islam 
nu mawa pituduh ti ALLOH SWT eta kabudayaan teh dileungitkeun sabab 
teu saluyu jeung ajaran islam. kabayang tah kumaha hebohna harita 
(sarua teu jeung ayeuna...?)nalika kabudayaan maranehna dibuburak ku 
aturan islam. teu kabeh budaya arab harita teu saluyu jeung islam, 
aya oge anu saluyu jeung islam, tah ari nu saluyu jeung islam na mah 
dipertahankeun dipertahankeun dugi ka kiwari.
urang arab nu syahadat tur jadi ummat muhammad kudu ridho tur ikhlas 
ninggalkeun sagala kabudayaan nu mungpang tina ajaran islam sanajan 
eta kabudayaan teh titinggal karuhunna.
TAH KUMAHA JEUNG URANG SUNDA NU GEUS NARIMA ISLAM??? 

Kirim email ke