Tadi rada ka magribkeun, ningali status di Fesbuk babaturan aya tulisan Hidup 
Persipura. Tah kuring rada ngeuh, rehna geuningan ayeuna aya partandingan 
munggarran keur Si Loccon tea, salah sahiji Top Skor, kade lain majalah, Liga 
Super Indonesia nu diaraanna LSI.

Biasana mah balik teh sok Tanggo, kade lain ngaran kadaangan, tapi ku sabab 
tadi asup na rada beurang nya antukna kudu Pleksibel tea. Nya nanggoan magrib 
laju weh balik ti pakepukan.

Tah sanggeus ningali Status di Fesbuk eta, buru-buru weh balik ka bogor tea. 
Mun diitung2 mah geus maen satengah babak. Biasana sok naek di parapatan 
kuningan moro bus MB P6 nu sok melok di puteran eta, lumayan kosong bisa diuk 
jeung sare.

Tapi nu ngaranna rada panasaran, uing nga-nyemes babaturan nanyakan score na, 
tapi euweuh pisan nu ngajawab. Rada keuseul oge ningan. Antukna geus teu lila 
nepi ka UKI, berebet weh ka tempat nge-teman mobil nu deuk ka Bogor.

Tididinya buru-buru ningali si mobil Bus nu warna na bereum nyaeta Agra Mas, nu 
baheula mah diaraann Giri Indah. Tah laju weh naek, sugan weh bisa lalajo di 
TIVI. Satadinamah rek ningali Streaming tapi teu nyaho alamatna jeung koneksina 
bisa lelet. 

Sanggeus geuk diuk kadua ti hareup di bangku nu dua, da kabiasaan sok dieuk 
panggigirna sugan weh aya wanoja ujug-ujug diuk gigireun pan didinya kudu pake 
gaya sok kenal sok dekat tea.

Tapi basa ningali TIVI na, Jadul teh kalahkah lalajo Sinetron Cintra Fitri 
Session 3 Episode 83. Jirr kawas pelem Heroes wae aya session na sagala. 
Bakating ku kesel, mobil geus rada maju ka torowongan, rada ngadelek ka kenca 
aya mobil si Hejo Maya Raya ningalikeun ANTV. Bari rada gurung gusuh turun ti 
mobil Agra Mas, padahal geus pinuh.

Antukna naek Maya Raya diuk sarua kadua ti hareup, jeung panggigirna. Lumayan 
bisa lalajo LSI tea. Barang ditingali teh geus hiji- nol euy. Persib 
tinggalieun ku Persipura. Gol nu ku si Beto menit ka 50-an, menang asis ti Boas 
Salosa ngaliwatan Bek Maman tea.

Wah lumayan lalajo aya keneh 15 menit, teu lila aya serangan balik ti Persib ka 
Persipura, bari nembakeun spekulasi si Waluyo ka tengah kiper, didinya aya Si 
Locco tea, nya teu anataparah bola ditajong satakeurna ku suku belah kiwa.

Gollllllllllllll . Edas. Tah eta ngaranna pamaean Bomber. Asa ka ubaran nonton 
teh disuguhan ku permaean cantik jeung HADE ti dua team, sok komo dinu 
statistik na mah PERSIB punjul 56% dinu hal panguasaan bola.

Tah barang piriwit panjang ditiup, sukur deuh euweuh karusuhan. Eta Stadiun 
Jalak Harupat nu kapasitasna hampir 60 rebu tempat duduk pinuh ku nu lalajo. 
Jeung na deui sigana mun tiap PERSIB maen di Jalak Harupat nu lalajo anggeur 
pinuh kieu bisa wae Manajemen PERSIB moal kakurang duit keur masalah kontrak 
pamaen.

Tah kukituna ka bapa-bapa sareung murangkalih nu lalajo , mun nonton PERSIB 
ulah sok ribut ngarugikeun keur urang oge. Aya nu beda pisan lalajo PERSIB teh 
asa ngahudangkeun awak nu lalungse jeung cape. Tah deui mun deui pindahkeun weh 
ulah di Siliwangi kapasaitasna kurang loba mendingan wae digedean jeung 
dialuskeun jigana bakal loba kahadeanna keur urang balare.

Cag ach

" Jung Maju Persib Bandung"
" Ulah Hariwang jeung Salempang"
" Ulah Ringrang jeung Hariwang"
" Persib kudu maen Sportif jeung Cantik di Lapangan"





      

Kirim email ke