Ngiring komentar ah ..mumpung santai ...

Mimitina tina "himbauan Jaipongan" ragam komentar sampe-sampe ka nyebut-nyebut 
Islam ... Tari perut Timur Tengah ....... Jaipongan .................
 
ari ceuk simkuring mah ...... mangkana para Nabi diturunkeun lolobana di daerah 
Timur Tengah (meuereun sakabeh Nabi)  ..... cenah diditu teh (Timur Tengah, 
Arab sakitarna) baheulana jahiliyah pisan..... naaah .. siganamah eta 
kabudayaan tari perut teh sesa-sesa jaman jahiliyah meureun ... jadi kabudayaan 
tari perut ulah di hubung-hubungkeun jeung Islam ...
Sesa-sesa jahiliyah nu lain masih katingali ayeuna ge .... conto na 
"perbudakan" ....... siganamah aya keneh urang timteng nu nganggap yen pambantu 
rumah tangga teh sami sareng budak ... makana loba kacaritakeun TKW nu dianiaya 
....
Jadi Jaipongan ... nya jaipongan .... ,tari perut .... nya tari perut ...... 2 
budaya nu benten .... 

hihi .. binun
baktos ah ti aadeni di bali

 


----- Original Message ----
From: Yura Iskandar <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Monday, February 9, 2009 9:21:08 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Jaipongan DILARANG KU GUBERNUR EUY (teu dilarang 
da....)

ngiring komentar....
sa terang abdi mah, islam ngalarang sagala hal anu nembongkeun auratna, tari 
perut di arab pami ningal kana ajaran islam mah tangtos teu kenging sabab 
nembongkeun auratna.
kitu oge jaipongan anu teu kenging soteh anu nembongkeun auratna, pa gubernur 
nyarios (abdi maca tina PR) jaipongan langkung sae diperhalus sapertos taun 
80'an saurnamah. (boh dina anggoanana atanapi tina geolna ulah seronok teuing). 
ktu tah.
ari pendapat sim kuring sih upami geolna seronok mah sareng nembongkeun 
auratmah awon, da ningali nage janten risi. Tapi etamah pa gubernur panginten 
saukur ngemutan, ameh kesenian sunda anu nu di pikacinta teh henteu kakotoran 
ku unsur-unsur anu dilarang ku agama.


      

Kirim email ke