Pangalaman kuring, biasana ari geus uplek ngobrol jeung tukang cukur teh sok
terus poho mayar... Jeung tukang gorengan oge kitu ketang... Dupi nu
kaalaman ku Kang Jay kumaha tah?

On Wed, Feb 11, 2009 at 8:48 AM, Jay wrote:

>   "Kang, geus lila jadi tukang cukur ?"
> "Lumayan 'A, aya kana sapuluh taun mah"
> "Jigana lumayan oge hasilna nya ?"
> "Alhamdulillah 'A..."
> "Paingan betah jadi tukang cukur.."
> "Nya, ari hoyongna mah jadi pagawe, tapi da kumaha, hararese.
> Jaba kabisana ngan nyukur wungkul."
> "Nya, keun bae atuh Kang. Nu penting mah genah ngajalananana"
> "Muhun.."
> "Kuring rek nanya yeuh Kang.."
> "Mangga.."
> "Ari Akang, pan geus biasa nyukur sirah mah.."
> "Muhun.."
> "Apanan kabeh nu dicukur ku Akang teh, sirah batur.."
> "Muhun.."
> "Ari sirah akang sok dicukur ku sorangan ?"
> "Ah, nya henteu. Paling ge ku batur.."
> "Ku tukang cukur deui ?"
> "Nya muhun..."
>

Kirim email ke