Dina perkara ngomean akidah, sakumaha katingali dina prak-prakan ngajar di masigit kuring tadi, da’i-da’i PUI teges jeung jelas – enya, ceuk sawatara urang mah disebut “heuras” atawa “fundamentalis” tea. Malah dina nerangkeun prak-prakan ibadahna ge, salaku manifestasi tina akidah ieu, maranehna remen nyodorkeun premis “haram”. “Sakabeh prak-prakan ibadah haram, iwal diparentahkeun (Kanjeng Nabi atawa Gusti Allah),” kitu nu remen disaurkeun ku Ustadz teh. Malah, dina raraga ngomean prak-prakan ibadah eta, taun itu, PUI medalkeun hiji buku penting: Tuntunan Shalat. (Judul lengkep eta kitab: Pedoman Amaliyah Ishlahul Ibadah Tuntunan Shalat Sempurna dan Diterima). Sakumaha para ustadz lianna nu ngajar di masigit gigireun imah tea, kaasup Ustadz PUI ieu, kuring kungsi nyieun komentar ngeunaan ieu buku. Tapi, teuing di marana. Nu pasti, sanajan make istilah “sampurna”, malah ngajadikeun Bidayatul Mujtahid-na Ibnu Rusyd salaku salah sahiji rujukannana, keur kuring, buku ieu pinuh ku kateusampurnaan teknis. Lain eusi (nu memang di luar domain kuring). Dina perkara tarbiyah, sakanyaho, PUI miboga sawatara sakola. Sanajan, deui-deui, kuring menta hampura, teu bisa nyebutkeun jumlahna. Oge di mana di manana. Ngan, lian ti miboga sakola sorangan, teu saeutik guru-guru (di luar nu ngajar di sakola-sakola PUI) nu oge jadi anggota PUI. Malah, ceuk salah sahiji ustadz kuring tadi, lian ti jaringan PKS jeung PAN, kapilihna Heryawan kamari teh taya lian ti kiprahna para guru nu aya di PUI. Dina widang paekonomian, nu katoong, PUI ngayakeun sawatara kagiatan pelatihan kawirausahaan. Kaasup latihan kaparigelan nu sipatna teknis jeung praktis. Salah sahijina “nyakolakeun” (magang) kader atawa simpatisannana ka pasantren jeung pausahaan Aa Gym di Bandung. Aya oge nu dialajar at-thibun nabawi (miara kasehatan nu diprakkeun ku Kanjeng Nabi, belegug! Lain Tibum Satpol PP! Na, ngacapruk teh kamalinaan-kamalinaan teuing? Istigfar, siah!). Salah sahiji nu jadi pamilon pelatihan atthibun nabawi tadi, taya lian ti salah sahiji kapibibi kuring. Malah kuring ge kungsi nyobaan dibekam ku salah saurang alumni eta pelatihan (Ku jalu, tangtuna ge. Lain ku awewe. Komo ku kapibibi kuring mah. Naudzubillah). Ngeunaan jaipongan sigana naon nu nyampak di internet leuwih ti cukup. Boh di Wikipedia (http://su.wikipedia.org/wiki/Jaipongan) atawa di milis urangsunda (http://osdir.com/ml/culture.region.indonesia.sunda/2006-04/msg00016.html). Kadar muka ingetan: Ieu kamonesan teh dipopulerkeun ku Gugum Gumbira. Dipapapantes tina tari ketuk tilu jeung penca. Teu munasabah, lian ti perkara 3-G, nu cenah simbol tina kasuburan bumi (indung, awewe, atawa watek feminim), oge reumbeuy ku rengkak jeung ketak nu maskulin - gagah. Keur kuring, lian ti sawatara jaiponger (penari jaipong) nu sok manggung di pipir stasion Jatinegara, almarhumah Tati Saleh bisa nepikeun kakuatan nu katingalna papalimpang tadi. Taun 80-an, kuring kungsi ngomentaran kaparigelan almarhumah Tati Saleh ngeunaan jaipong ieu dina salah sahiji tulisan kuring di hiji majalah – basa kuring masih jadi wartawan. Harita Ceu Tati maen dina Juag Toet, salah sahiji longser nu dipintonkeun Teater Sunda Kiwari di GKJ, alpukahna Yayasan Pembangunan Jabar, nu salah sahiji adegannana nya mamerkeun jaipongan. Leuwih ti kitu, Gubernur Jabar nu masoalkeun perkara 3G dina jaipong teh lain bae Ustadz Heryawan. Baheula, taun 80-an awal, Gubernur Aang Kunaefi ge kungsi ngiring “ngagadabah” ieu kamonesan. Ongkoh, sakumaha Ustadz Heryawan, almarhum kawentar nyantri. Malah, pan saatos teu nyepeng kaluuhan Gubernur, almarhum aktif di organisasi dakwah dugi ka pupusna. Husnul khotimah pisan. (Kukituna, teu helok mun urang Aceh mihormat pisan ka ieu inohong teh, sakumaha maranehna mihormat ka Hasan Mustapa. Pa Aang kantos janten Pangdam Aceh, Hasan Mustapa janten kadi). Kukituna, mun tea mah bener Ustadz Heryawan miharep 3G dina Jaipongan dikurangan atawa dileungitkeun pisan tong teuing matak salempang. Sabab, saperti geus kabuktian salila ieu: Sanajan kungsi “diomean” ku almarhum Pa Aang, jaipongan tetap hirup. Malah, ceuk beja, di Kabupaten Bogor bae aya kana 200-na rombongan Jaipongan teh. Hanas eta kelek kudu ditutupan, nya tutupan bae. Naon hesena? Komo kiwari keur usum ngijih. Asal ulah make jilbab bae. Asa ningnang. (Atawa ieu meureun nu diteangan ku sawatara jelema teh: Jaipongan nu islami?). Ongkoh, sainget kuring, boh di Jatinegara boh di Cilamaya, asa euweuh jaipongers nu katembong kelekna. Da kabeh marake kabaya. Teuing, mun salila lalajo eta, kuring uleng teuing ningali parabot nu ngagitek, ngageol, jeung teu weleh goyang tea. Asana heunteu oge. Mun teu salah mah leuwih loba memener diuk babaturan, nu teu bisa ajeg. Alatan seueur teuing nguyup alkohol. Gang Tengah, 10 Februari 2009 Maman Gantra Jalan Salemba Tengah 51, Jakarta 10440. 0812-940-5441

