teh roro....meni asa waas ih....eta aron sareung gendar teh karesep
abdi pisan...ngan kiwari mah jarang anu damel deui...pun biang ge nuju
kapungkur (abdi sd) mah sok mindeng moean sangu haseum teras didamel
gendar sareung aron....lebar cenah daripada dipasih keun ka hayam
mending janten cemilan....hehehehe...

--- In [email protected], "Roro Rohmah" <roro.roh...@...> wrote:
>
> Ngiringan ah*
> 
> Sok inget ka indung kuring, mun dahar sangu teu dibeakkeun teh*sok
kukulutus, pajarkeun teh Dewi Sri sok ngambek ceunah, teu nyaah ka
sangu, pamali! Salian eta ngingetan ka jalema sangsara, "Alhamdulillah
urang mah bisa dahar, batur mah can tangtu, beakeun tah sangu teh!".
Tapi dikumaha deui ari geus wareg atuh nya? Moal enya ari kudu
maksakeun diwewel-wewel mah? Matak ongkek, sarua we kaluar deui, malah
jadi leuwih mubadir teu bisa kapuluk... Tungtungnamah diakalan mun
dahar, kajeun saeutik tapi beak. Ari hayang deui kari nyokot
saeutik-saeutik pokonamah kudu beak weh. 
> 
> Jaman baheula mah nyangu teh make seeng da kusuluh tea. Rada beh
dieu make langseng da ku minyak tanah. Kadieukeun, kalobaanana barang
teh make listrik, mucunghul sabangsaning rice cooker, magic jar srrd.
Nya ari ngeunahna mah ngeunah sangu tina seeng, seungit. Ari ngudag
kana "praktis" mah nya mending keneh rais kuker atuh* tapi nya kitu
tea, sanguna lila-lila jadi koneng, jaba matak teu ngeunah kana beuteung. 
> 
> Indung kuring jadi mindeng ngangluh make "seeng listrik" teh, sangu
nu diempet-empet teh tungtungna haseum. Kabeneran aya nu ngabejaan yen
mun hayang awet, sangu teh samemeh dipasak na rais kuker dibere jeruk
nipis kira2 2 siki mah*(gumantung kana loba beasna, mu leuwih loba,
nya jerukna ge leuwih ti 2). Nyaan we, sangu teh awet, teu koneng.
Tapi angger lila-lila mah sok haseum da nu daharna ngan saeutikan.
> 
> Sakapeung mah sok sieun oge ari ngadenge sangu haseum bae. Naha? Aya
"mitos" ceuk kolot baheula, mun sangu haseum bae, ciciren aya
dulur/baraya nu maot. Teuing bener teuing henteu* atawa kabeneran
meureun* Nya oge sok aya beja ti lembur kana telepon/SMS, si anu maot*
Indung kuring langsung nyalahkeun sangu,"Innalillahi*paingan* sangu
teh haseum bae!" 
> 
> Mindeng oge meunang beja ti adi kuring nu di Jatim ngahaja nanyakeun
ka indung kuring,"Mah, kunaon nya sangu teh haseum wae? Aya nu gering
teu di lembur? Waduh, boa-boa rek aya nu maot?".. Ari pek teh
disidik-sidik, si bibi nu sok babantu di imahna teu bersih ngisikan
beasna hehehe*.
> 
> Cep Irpan, di wewengkon Ceuceu mah (leresan Margahayu-Bandung)
teuing mimiti ti iraha, teu apal, ngan geus tibaheula aya tukang
meulian/nampa sangu haseum. Sangu poe, ceuk indung kuring mah da mun
sangu teu kadahar jadi haseum teh tuluy dipoe, jadi garing jiga kerak.
Ampir unggal poe, pabeubeurang si emang sok ngurilingan komplek make
sapedah," Arooon*aaaarroooon*!" 
> 
> Teuing sabaraha sakilona dibeulina teh, da sok dibikeun we ku indung
kuring mah. Barina ge, mun dibeuli da teu sabaraha. Ceuk si Emang,
aron teh pikeun parab meri (lain Merry nu geulis tea nya heuheu*).
> 
> Salian ti bisa dipake parab, sangu aron teh di lembur kuring mah sok
dijieun kurupuk gendar. Jaman nini kuring aya keneh mah, sok resep
ningali nini kuring rereongan jeung tatanggana, nyieun kurupuk gendar
tina aron. Nyieunna sarua jiga nyieun Opak, make gencetan nu tuluy
dipoe dina ayakan nu garede. Nya tangtu rasanamah teu sangeunah
kurupuk gendar nu dijieun tina beas alus (lain sangu aron) tapi
lumayan keur capek rahemeun mah.
> 
> ro2
> 
> >>> mr.rispa...@... 02/11/09 01:36PM >>>
> 
> Sangu Haseum Parab Lele
> 
> Sigana anu kaalaman ku kuring, bisa jadi oge kaalaman ku baraya sejen. 
> Kuring jeung pamajikan, duanana papada digawe. indit isuk balik sore. 
> Malah kuring mah nepi ka imah teh jam satengah salapan peuting.
>


Kirim email ke