Politik Olo-Olo Dasar jodo, jang Ibro situkang rebab tea ahirna jadi ngadahup ka nyi Icih. Padahal basa diamprokeun munggaran mah teu sirikna lolongseran bari nyebutkeun embung. Teu pira cenah pedah nyi Icih teu sagamuleng Luna Maya. Anehna ari geus pruk kawin mah, mani pok deui pok deui nyebut "Sumpah I love u Icih!" eta meureun pedah teu sirikna unggal poe disuguhan 3G made-in Icih. Tah da kitu lalaki mah teu kaop manggih papaisan, sok kaluar mulut bayawaxna. "Mah papah bade angkat ka kantor!" Ceuk jang Ibro ka nyi Icih. Keukeuh mun nek indit manggung teh sok nyebut ngantor, da enya atuh nu teu apal mah moal nyangka tukang rebab, katingalina nyetill pisan, make kameja, dasi ngagebay,kaca mata hideung ala stevie wonder bari ngajingjing koper wadah rebab tea. "Kade hilap koncina kakantun!"Nyi Icih ngabejaan,maksudna mah ngabejaan konci koper bisi katingaleun,lantaran baheula ampir kawiwirangan nek manggung konci koperna tinggaleun, untung koperna dilengkepan remote control jadi bisa dijetrekeun tiimah, ngan ayeuna mah geus garah mun katingaleun teh bisa bolay manggung.
"Euleuh nya teu bosen, unggal usik ngagulanggaper rebab!"Ceuk kuring disela sela reureuh manggung, pedah ningali jang Ibro siga nu euweuh ka bosen ngome rebab. "Keur inget ka nyi Icih atuh da, nya rebab ieu jadi panyombona, asa bleg we jiga manehna,komo palebah ieuna mah!"Jawab jang Ibro bari ngusapan batok rebabna. "Nurustunjung,geus tong nguruskeun nu kitu patut, kumaha jadi teu nek nyaleg teh?" "Sangheuk ari kabagean nomer pangeprisan mah!" "Yeuh da ayeuna mah nomer urut mah teu pangaruh nu penting kapilih ku rahayat eta nu bakal jeneng!" "Modalna?" "Teu gableg modal mah,pake taktik atuh, gadekeun rebab,ondang wartawan, cena diliput,pasti isukna dikoran ngajeblag kitu deui ditipi ngung ngong diberitakeun, "Modal nyaleg terpaksa menggadaikan rebab" "Politik olo-olo tea nya, meh rahayat simpati, terus marilih ka dewek?" "Persis!" "Ah da dewek mah euweuh bakat euy,di widang politik mah!" "Jadi nek saumur umur jadi tukang rebab? Yeuh nya teu nyaho kitu,nasib urang salaku nayaga surem deuleu, lantaran seni urang aya nu nyiksik kudik!" "Gara gara 3G tea? Jeun teuing, barina ge dewek mah geus bosen jadi tukang rebab,hayang jadi anak band euy!" "Tuh nya silaing mah teu solider ka balad,sing nalipak maneh, piraku anak band ngarana Ibro, teu pantes deuleu!" "Komo silaing mah, Enjum!" "Heueuh da dewek mah moal nga-band tapi nek nyaleg!" "Ah nyaleg ge da teu pantes!" "Leuh...nek ngajak debat ka dewek?" "Debat mah teu bakat!" "Bakat naon atuh anu bisa?" "Puguh aya hiji bakat dewek nu can kasalurkeun euy!" "Naon?" "Ngarebab mah geus puguh, alatan bisa ngarebab,boga rebab satilu tilu!" "Jadi?" "Piraku geus bisa kawin, ngan boga Icih ngan Icih Icihna!" "Jadi silaing hayang nyandung? Nek diparaban naon? Kulub rebab? Dasar bayawax siah!"

