Pun dulur, lan baraya sadaya anu sawarga, anu sawaruga.....Sunda.
uin mitembeyan nyalin ieu pantun, di EYD sabisana.
dibere ti dulur, suan, ki H Endang Kosasih MA, 14 okt 1999 rengse
diprint harita, 157 kaca.
waktu uin nganjang ka imahna. anjeunna ucap:" kang Oca ieu uin teu
ngarti kanu karieu, mangga nyanggakeun, jigana bagean akang ieu mah"
karak dibaca 3 bulan kahareupna. ayeuna uin rek nyanggakeun deui
kasadaya...sugan mangpaat, sasieureun sabeunyeureun.

[Roza Rahmadjasa Mintaredja]

NGAHYANGNA PAJAJARAN

Bubuka

Batur!
Lamun jaga, dicundukkeun kana waktu
pantun medal jadi bacaan.
Batur!
Sing nyaraho, buku teh utusan kaula
dijurung nyuhun pamunjung
ka sakabeh nu geus alundur
nu baralik indit ka jati,
nu marulang,
ka masing-masing Mandalana!
Utamana, ka AKI BADJOE RAMBENG
nu jadi damar panyaang jalan,
jero galur paluruheun
nu jadi cukang pameuntasan
kana lanceuk anu samar...,
ka pun bapa, nu di taun 1908, diturunan bahan carita
tapi teu kungsi bisa nyaksian
lalakonna unggah panggung
panggung jembar kasamaran...
ka pun paman, KI OEHAR PANTAATMADJA
baheulana Opsender Babakan Sadeng
nu saban-saban jadi panganteur
mun panyukcrukan tepung buntu
ka pa CILONG,... nu disebut jalma burung
da bongan, nyilok-nyilok anu burung
nepikeun anu kasilok
teu arengeuh kana silok anu tetela
tapi buni... dibabawa buburungan....
ka tuan CM PLEYTE...
nu teu sieun, diseungseurikeun ku bangsana
ku nembongkeun karancagean
nyebutkeun, yen pantun-pantun Sunda
ulah gampang-gampang dianggap bid'ah
tapi sabalikna, pantun Sunda teh
ngarupakeun bahan korehaneun , anu
bisa nuduhan nu baruni keneh, tapi
pohara pentingna , pikeun nganyahokeun
sajarah Sunda baheula.....!
jeung ka sakabeh urang Sunda, nu sa-adat Sunda
jeung kasakabeh urang sunda
nu kiwari geus nyudaan ka Sundaanana
jeung ngan
ti beurang haranyang caang
ti peuting haranyang jempling
tapi....
teu areling...
yen PAJAJARAN
sanjan geus salin ngaran
moal panjang ngaJAJARna
moal dicaangan bentang rapang ngagenclang
mun Sunda na:
Sunda kalapa
kalapana HUHULUAN
lain Sunda MANGGARAN!

Pajajaran Tengah 1934
Rakean Minda Kalangan
(kuncen Pajajaran Tengah)


Kirim email ke