On Mon, Feb 16, 2009 at 7:03 PM, Waluya <[email protected]> wrote: >>From: mh >> Istilah-istilah nu dipake memang rada 'antik', contona aya 'Aki Baju >> Rambeng', aya 'Pak Cilong'. Uing mah jadi inget kana filem-filem cina >> heubeul, ngaran pendekarna teh rada arantik oge, aya 'pendekar mabok', >> 'pendekar pengemis', jeung sajabana. > > Saha nu teu terang carita Ramayana? sarerea oge pasti apal. Tapi pasti loba > nu satengah teu percaya lamun Rama jeung Rahwana teh digambarkeun boga > sifat sabalikna : Rama teh goreng sedengkeun Rahwana teh alus. Tah ieu > kajadian Di Srilangka, carita Ramayana teh kabalik-balik. Rahwana Raja di > Alengka nu wijaksana, sedengkeun Rama agressor nu nyerebu karajaan Rahwana. > Alengka, cenah mah Srilangka ayeuna. Sigana tepika ayeuna urang Srilangka > teu ngeunah disebut tempat para angkara murka! > > Sanggeus maca dua judul Pantun Bogor, "Ngahyangna Pajajaran" jeung "Dadap > Malang Sisi Cimandiri", kuring jadi ras inget kana kasus carita Ramayana nu > dua versi ieu. Dina Pantun Bogor, tokohna Kianasantang atawa Ki Santang Aria > Cakrabuana (Ceuk Pantun Bogor). Ceuk carita nu ilahar didongengkeun, Prabu > Kiansantang teh putra Prabu Siliwangi nu lebet Islam. Lamun teu salah > Kasultanan Cirebon oge ngaku turunan Pajajaran ti Prabu Kiansantang ieu > (cmiiw). > > Beda jeung carita dina Pantun Bogor, Ki Santang teh teu kungsi dicaritakeun > asup islam, malah ngilu perang mantuan bapana (Prabu Siliwangi) dina > ngalawan pasukan Banten, Cirebon jeung Demak. Sedengkeun tokoh nu asup > Islam, dina "Dadap Malang Sisi Cimandiri" disebutkeun JAYA ANTEA, nu > sarimbag jeung Ki Santang. Jaya Antea tadina jalma kapercayaan di Pajajaran, > tapi manehna jadi "pengkhianat", asup ageman anyar jeung ngaku-ngaku Ki > Santang. > > Mana anu bener? Ah teu penting, ngan aya indikasi asupna Islam ka Tatar > Sunda teh sabenerna teu "sadamai" nu disangka. Aya "pertentangan" antara nu > narima jeung nu nolak. Nu nolak, da puguh nu eleh, kasedekeun, jadi > kamarginalkeun, jadi kaum pasisian. Pantun Bogor "seni" urang pasisian Bogor > jaman baheula. Versi pantun ieu jelas moal dipikaresep di Priangan, komo ku > para menakna mah, nu ngarasa maranehna nu neruskeun Pajajaran via > Kiansantang anu Islam, padahal dina Pantun Bogor Ki Santang teh tetep > agemanana. >
Pantun, oge karya sastra sejenna, jiga carita Ramayana, jigana wae eusina gumantung ka saha nunyaritakeunana. Malah uing kungsi manggih carita Mundinglaya versi baraya ti Wetan, nu eusina jiaga kasus carita Ramayana. Dina carita Mundinglaya versi baraya ti Wetan mah mundinglaya teh digambarkeun kurang hade. Uing aya artikelna, laporan hasil panalungtikan ti salah sahiji paguron ti Wetan. salam, mh

