> Ganjar Kurnia <ganj...@...> wrote: > Ninggal warugana pantun bogor ti kang Oca, tetela eta pantun teh > kenging ngetik -- hartosna aya proses enggal. Patarosanna, naha > eta teh kenging ngalihkeun tina sastra lisan? Aya informasi, yen > eta pantun teh diketik (didamel?) ku Bapa Muhtar Kalla dina taun > genep puluhan. Manawi aya anu tiasa maluruh hal ieu?
Kang Ganjar, si kuring lalayaran di Google, kapendak seratan/ makalah Pa Ayip Rosidi, tapi mung ukur abstrakna, judulna: "My Experiences In Recording Pantun Sunda", Indonesia, Vol. 16, (Oct., 1973), pp. 105- 111, Southeast Asia Program Publications at Cornell University (http://www.jstor.org/pss/3350648) Saur Pa Ayip, MOCHTAR KALA teh nganggo nami "RAKEAN MINDA KALANGAN" dina naskah pantun "Dadap Malang sisi Tjimandiri" nu dimedalkeun ku penerbit "Mangle", 1964 di Bogor. Sigana dina NGAHYANGNA PAJAJARAN oge RAKEAN MINDA KALANGAN teh, Pa Mochtar Kala oge. Pa Mochtar Kala ngangken kawaris naskah-naskah pantun Bogor ti karuhunna, nu diserat sateuacan Perang Dunya II. Manawi nu sanes aya nu gaduh informasi langkung lengkep? Baktosna, WALUYA

