Rek Nungguan Tujuh Gunung Bitu ?

   

Muterna
     mangsa lain ukur sakolebat,

robahna kaayaan
teu bisa sakocepat,

pindahna kaayaan
moal enya sakolepat,

matakna ari
lelengkahan ulah kalah matak tibelat. 

   

Mun teu saiket
aranjeun lain nanaon,

kuduna dipikir
bulak-balik sababna kunaon,

mun aranjeun
gagabah ngalengkah kalah matak nanaon,

anggur sing
sabar jeung tarapti ngarah ka aranjeun teu matak nanaon. 

   

Ulah beunang ka
olo kunu ngajangjikeun itu ieu,

aranjeun geus
poho jalma-jalma kamari nu padu jangji itu ieu,

dina
prak-prakana angger euweuh itu ieu,

karunya anaking
ulah didenge nu ngabibita itu ieu. 

   

Ngahijikeun
dulur wae can bisa,

ngariung jeung
batur salembur wae can bisa,

ngarasa sahate
jeung babaturan wae can bisa,

arek kumaha
aranjeun arek nanjeurkeun sunda. 

   

Kajeun beda
babawaan,

kajeun teu sarua
kayakinan,

kajeun lain ti
hiji paguruan,

kunaon bet
angger di gedekeun bebedaan? 

   

Rek nepi ka
iraha aranjeun kitu? 

Rek nungguan
tujuh gunung bitu? 

Rek nungguan
gagak ngelak na tutunggul? 

Rek nepi ka
ngaran aranjeun diserat na tunggul? 

   

Manusa turun ka
dunya pasti barareda,

jadikeun hiji
kakuatan tina beda,

coba tempo
cinggir jeun jempol anjeun pasti beda,

moal enya
duanana misah kusabab beda. 

   

   




      

Kirim email ke