Bogor Ngabentuk Tim Idéntifikasi Benda Cagar Budaya Bogor - Pamaréntah kota Bogor ngaliwatan Dinas Kabudayaan jeung Pariwisata (budpar) geus ngabentuk Tim Idéntifikasi Banda Cagar Budaya (BCB). Tim Idéntifikasi ieu dibentuk dina rapat koordinasi nu diluluguan ku Kapala Dinas Budpar Kota Bogor poé Rebo (18/02) nu kaliwat. Tim ieu miboga tugas pikeun maluruh sarta nalungtik situs-situs purbakala anu aya di wilayah kota Bogor, utamana anu can lila dilaporkeun ku masarakat, saperti situs bénteng (bunker) Walanda di Lawanggintung, situs Batu Dakon di Bondongan, jeung situs babalayan di gunung batu. info salengkepna mangga buka di www.balebat-online.com

