rampeesss... mangga kalebet kangRip, oge teh intan nu gaduh mobil vw ulah asa2 di dieu mah lah..
nepangkeun sim kuring, dikdik, kawit mah ti wanayasa, ari macul mah di jakarta, di seputaran lap. banteng. ari masalah basa mah ulah asa2 lah, sok der-der weh bade ngobrol mah. prung... -dikdik- --- In [email protected], "rifkiferiandi" <rifkiferia...@...> wrote: > > Sampurasun ka sepuh, Akangs, Tetehs sareng Ayis, > > Nepangkeun sim kuring member enggal di ieu milis, Rifki (sobat dalit > urang Sunda mah sok ngahaja nga-Ripki-keun), asli urang Cigereleng, > mung lami di Jakarta. Hoyong icikibung di ieu milis mah tos lami, mung > sok asa-asa, ma'lum basa Sundana teu pati lancar. Nembe wantun ayeuna. > Hapunten wae bilih aya kasoledat basa. > > Cag, > Rifki >

