mun persib maen aya sedih jeung bungahna, bungah ngarasa bangga boga 
kasebelasan nu disegani, bari kadang boga panyakit teu konsisten. najan loba 
pamaen mahal tur jagoan, duka kunaoan persib hese meunang gede. lawan PSM ngan 
seri, padahal ke persitara mah di bantai 3-1. asa ku aneh.......

sedih ningali ulah bobotoh, basa lawan persipura mah kuring teh ngahaja datang 
ti jakarta lalajo ka jalak harupat. tapi kuciwa ningali loba oknum bobotoh nu 
anarkis. pek teh kajadian basa lawan persiba, gara-gara aya oknum bobotoh nu 
maledogan polsek banjaran jeung ngawut-ngawut tukang rambutan, pas pertandingan 
salanjutna, loba bobotoh nu lewat banjaran dicareugat trus digebugan, padahal 
can tangtu manehna teh pelakuna. asa ku inggis, komo mun ningali lolobana 
bobotoh anarkis teh barudak leutik umuran SD-SMP jeung SMA, asa ingeut ka adi 
sorangan. tapi, hidup persib lah....




________________________________
From: rudi rohan <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Monday, February 23, 2009 12:59:02 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Hidup Persib....!!!!


uing bungah pisan persib meunang bari ngan ngadenge tnia streaming RRI bdg bari 
entod enyaan ge, tapi bathin ceurik nempo kalakuan oknum nu nyebut dirina 
bobotoh persib atwa viking 
anu sok ngarusak di jalan, malah ayeuna mah tambah parah jelema di liliwatan ge 
teu
gugur teu angin digebugan, warung sisi jalan dirusak, warung temapt usaha 
neangan jang dahar
sapopoe batur bari sisi jalan di rusak, uing yakin eta oknum nu anarkis pasti 
mabok, cik atuh lur 
da meren kabeh ge boga nurani, ngabobotohan mah lain kitu carana.....




________________________________
From: firman <fir...@inovasi. lipi.go.id>
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Monday, February 23, 2009 8:01:44 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Hidup Persib....!! !!


 
Sami kang degdegan .. tapi asa 
hanjakalnya kang ningali persib maenna meni kitu patut .. asa alus keneh PKT 
maenna mah .. hehehehhe tapi walau bagaimanapun . HIDUP PERSIB 
??!!!!
 
----- Original Message ----- 
From: Aldo Desatura  ™ 
To: baraya_sunda@ yahoogroups. com ; urangsu...@yahoogro ups.com 
Sent: Monday, February 23, 2009 9:15  AM
Subject: [Urang Sunda] Hidup  Persib....!! !!

dear,

sanajan deg deg an ningali cara persib tarung teh... tapi  alhamdulillah. .. 
kamari bisa menang.... mangga urang sami sami nga Du'a  sangkan persib bisa 
maju ... bisa nembongkeun persib si maung bandung teh aya  keneh...!!!! !!

-- 
Aldo Desatura ® &  ©
============ ====
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah  bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata  kata




   


      

Kirim email ke