Minggu kamari, kuring maca koran PR. di dinya aya hiji rubrik nu mengulas
tentang pengangguran jeung peran pendidikan tinggi. Di koran PR eta
ditetelakeun yen sistem pendidikan di Universitas teh aya pangaruhna kana
membludakna jumlah pangangguran di Indonesia.Tangtu sabenerna soal pengangguran
lain ngan salah institusi pendidikan tinggi wungkul, lain ngan salah kurikulum
pendidikan tinggi nu cenah teu sesuai dengan kebutuhan kerja/industri, lain
ngan salah universitas nu cenah teu bisa nyiptakeun lulusan nu kreatif atau
bisa mandiri, nyiptakeun lapangan kerja sorangan.
soal pangangguran teu bisa diteumbluehkeun ka hiji pihak, tapi soal
pangangguran teh kedah jaidi gawe bareng antara universitas, pemerintah,
pengusaha, jeung masyarakat. Indonesia mangrupakeun nagara nu padet, nagara nu
jumlah pendudukna ka-4 terbesar di dunia. Sistem pekerjaan di negara nu jiga
Indonesia kedah nu padat karya sareng nu diversifikasina tinggi. Tapi ayeuna di
Indonesia banyak perusahaan nu berbau marketing atau distributor. Sedangkan
perusahaan nu bergerak di bidang produksi jauh lebih seueur menyerap pekerja.
aya berita yen Korea Selatan ngabuka lowongan kerja TKI sebanyak 5000 orang,
hmmm..naha saking lobana lapangan kerja di Korsel sehingga minta TKI ti
Indonesia???
cenah ayeuna aya tarekah yen, industri asing nu masarkeun produkna di Indonesia
bakal muka Pabrik manufakturna di Indonesia, ti mimiti suku cadang tepi ka
perakitan. Mugi-mugi we memang jadi kenyataan, supaya lahan kerja jadi
nambahan. Oge cenah aya tarekah yen industri di Indonesia bakal di upgrade
supaya teu wungkul ngimpor bahan mentah jeung bahan setengah jadi. mugi - mugi
we ieu ge jadi kenyataan, sangkan pendapatan para pekerja bisa ningkat.
Ketika terjadi krisis ekonomi jiga ayeuna, Amerika wae nu sakitu mapanna,
geuning kelabakan pas loba pausahaan nu merumahkan karyawana. hese geuning
nyieun lapangan kerja teh.. Ceuk logika sederhana, nyieun Pausahaan baru
berarti nyieun sumber uang baru...tapi geuning para pengusaha nu tos nanjeur ge
teu sagawayah ngabuka usaha baru. duka habis ide atanapi belum berani
mengambil resiko.