Musieum Geologi
Anjog ka Musieum Geologi, awak rancucut. Ah, tapi cuex beybeh* Musieum nu 
diadegkeun tanggal 16 Mei 1928 ieu, meunang bantuan ti Japan International 
Cooperation Agency (JICA), dibuka deui & diresmikeun ku Wakil Persiden Megawati 
Soekarnoputri tanggal 23 Agustus 2000. Harita SBY masih keneh jadi Mentri 
Pertambangan Energi. 

Sup ka rohangan hareup aya pameran poto pegunungan Karst di Padalarang nu karek 
diresmikeun ku bentang iklan Bodrex, Wagub Dede Yusuf. Musieum ieu dibagi jadi 
3 rohangan nyaeta, rohangan Sajarah Kehidupan, rohangan Geologi Indonesia jeung 
rohangan Geologi dan Kehidupan Manusia. Di musieum ieu diteundeun jeung 
dikokolakeun materi geologi kayaning fosil, batuan, mineral nu dikumpulkeun 
minangka hasil gawe lapangan di Indonesia ti mimiti taun 1850.

Tah, geuning... nu diteangan teh keur ngajugrug di bah pojok, rorongkong T-rex, 
huntuna nyanggereng (naha teu disada "ting!" nya? Puguh da lain iklan Pepsodent 
hihii), kaasup sato nu panggalakna jaman harita* Euleuh Gusti, ni badag ningan! 
Dipoto? Ih, pasti atuwh*logay (loba gaya) dihandapeun rorongkong T-rex* 

Salian ti eta aya rorongkong badak, gajah, kuya, srrd. Sup ka rohangan hiji 
deui, loba rupa-rupa batok sirah jelema, aya nu leutik, aya nu gede, nu polos 
jeung borelang. Nu aneh mah batok sirah urang Perancis, cameuh, naha bisa kitu 
nya? Ceuk ceunah mah urang Perancis teh romantis (leres Kang Tanaoers?), trus 
naon hubunganana jeung cameuh? hehehe*Hanjakal rohangan nu hiji deui teu kaburu 
dititenan, da kaburu dibubura ku petugas, waktuna beak. Atuh da teu beakeun 
waktu kumaha? Lila teuing di musieum KAA, aya nongton bareng sajarah nu dipedar 
ku tokoh2 & saksi mata nu aya keneh dikieuna, tapi keun bae* jadi nambahan 
pangaweruh.

Ke*ke* asa teu ningali Mang Oman, Bos Geologi, kamana nya? Puguh da lain 
petugas musieum, jaba poe Minggu, nya pere meureun heuheu*Kaluar ti musieum 
Geologi, hujan nu tadina geus leutik jadi ngagedean deui. Suku mimiti karasa 
cangkeul, cik impleng ku baraya geura ti Jl. Asia Afrika kituu*leumpang ka Jl. 
Diponegoro, bari huhujanan deuih?... 

Musieum Pos Indonesia
Ti taun 1931 keneh geus mimiti dibuka Musieum Pos Telegraph & Telepon (PTT) di 
Kantor Pusat PTT, Jl. Cilaki no. 55 (ayeuna 73) Bandung. Gedong ieu kungsi 
kaluli-luli, ampir kapopohokeun, antukna taun 1980, Direksi Perum Pos & Giro 
nyieun panitia keur ngahirupkeun deui eta musieum.

Tanggal 27 September 1983 dina raraga Hari Bhakti Postel ka 38, musieum ieu 
diresmikeun & dibuka keur balarea ku Menteri Pariwisata Pos & Telekomunikasi, 
Achmad Tahir dibere ngaran Musium Pos dan Giro. Mimiti tanggal 20 Juni 1995, 
ngaran musieum diganti jadi Musium Pos Indonesia saluyu jeung pausahaanana.

Eusi musieum ieu kayaning prangko nu aya di Indonesia jeung nagara-nagara nu 
aya di sakuliah dunya. Salian eta dipamerkeun oge alat-alat nu aya 
pakuat-pakaitna jeung sejarah pos di Indonesia kayaning kiloan, alat nyitak 
parangko, surat-surat, armada tukang pos srrd.

Kiwari, ampir unggal jelema, ti pejabat nepi ka jelema leutik boga HP. Ngirim 
surat teu kudu nulis, diasupkeun kana amplop, napelkeun perangko (bari diletak 
ku ciduh), tapi cukup ku SMS atawa email. Nu masih keneh kawilang "aya keneh 
harepan" nyaeta ngirim barang nu aya bungkeuleukanana, eta ge mun teu kalindih 
ku pausahaan jasa kurir swasta nu leuwih alus dina ngalayananana contona Tiki, 
Pandusiwi, Elteha, DHL, Fed-Ex, srrd. Mun nitenan kaayaan ayeuna, pihak kantor 
pos teu geura bebenah, bisa tinggal ngaran & bener-bener dimusieumkeun.

Gedong Sate
Hayang seuri oge, ningali Teh Herni & Kang Gibson nu nyangsaya bari nundutan 
(capeeun) dina troli nungguan hujan raat. Alhamdulillah, ngaso heula bari dahar 
beurang ditukangeun Gedong Sate. Hujan masih keneh ngaririncik. Beres dahar aya 
acara bagi-bagi hadiah, mani rame areak-eakan, maklum barudak ngora. 

Kelompok nu tadina dibagi lima, jadi dibagi dua. Aya nu balik ka imahna 
sewang-sewangan, aya nu nuluykeun naek ka munara Gedong Sate. Kuring & Teh 
Herni, sapamadegan, masing tuur leklok tapi keukeuh hayang nyaho kumaha kaayaan 
di luhur.

Napas ngahegak, eungap. Taraje paragi ka luhur leutik (ampir saawakeun) jaba 
mani luhur pisan, tapi bakat ku hayang nyaho, nepi oge ka luhur. Subhanallah, 
ni endah ningali kaayaan kota Bandung ti luhur sanajan bari hujan ngaririncik 
ge. Loba korsi jangkung, jiga di café-café* naek deui ka luhur sarua loba 
korsi, paragi niis meureun. Hanjakal kaayaan jadi rarujit da loba cai hujan nu 
ceret asup ka jero. Teu voho, jutrak-jetrek heula difoto.

Teu lila di luhur teh da kaburu burit, sieun dibubura deui kunu jaga. Saacan 
turun, nitenan heula pameran sabangsaning foto2 sajarah Gedong Sate & Jawa 
Barat, jeung parabotan khas Sunda. Tipada suku beuki lek-lok, Kang Gibson 
ngajakan naek lift, ari pek teh nyasab heuheu*

Pamiarsa, sakitu heula siaran langsung ti Gedong Sate-Bandung.
adioz, amigoz, permioz* :)
ro2

Kirim email ke