Kajian Tentang Falsafah Sunda-Ajip Rosidi: Gambaran nu pungsat bahan? Kumaha
memenerna? ( I)
ku Eddy Nugraha *)
I
Kuring nampi wartos ti Mang J (Kisunda-februariI 2009) ngeunaan ayana essay Pa
Ajip Rosidi (AR) dina hal falsafah sunda (Di upload kana web personal Ajip
Rosidi 2008), nya pirajeunan noongan eta seratan.
Essay AR museur kana hasil penelitian 3 tim di taun 87-89an, jeung nganggap
hasil hasil kajian eta 3 tim cukup 'ngawakilan' alam pikiran urang sunda.
Sanajan kitu, beda waktu nu geus 20 taunan ieu jeung waktu eta essay
dipublikasikeun (2006) tangtu ngajadikeun kahemeng naha masih keneh 'up to
date' dipilih ngagambarkeun falsafah atawa “pandangan hidup orang Sunda" harita
(2006) jeung ayeuna (2009) ???? Dumeh saur ARna ku anjeun bangsa sundana di era
global ieu ngalaman robahan nu sakitu dinamisna "orang Sunda, sebagai bangsa
Indonesia, sedang mengalami perubahan sosial yang luar biasa" (ieu pairan ge
tangtu bisa pisan geus teu nyambung jeung eta essay sabab geus aya selang waktu
3 taunan).
oge, sumber data tim nu dumasar kana hasil interview ti sajumlah sampel nu
dasar pandangan hirupna geus robah/teu asli sunda waktu jiwana masih merdeka
(karajaan sunda) sabab cenah geus kapangaruhan ku penjajahan boh mataram boh
walanda.
Sigana judul seratan AR leuwih pantes jeung enya ngagambarkeun eusi tulisan
lamun saukur jadi "Kajian Tentang Falsafah Sunda taun 80an". Lain "Kajian
Tentang Falsafah Sunda".
Komo deui, bukti-bukti tulisan nu dianggap ku AR ngagambarkeun falsafah urang
sunda nyaeta (seratan) H. Hasan Mustapa (HHM) ku tim peneliti the ngan
dititenan hiji 'judul' mungkul - nyatana "Bab Adat Urang Priangan jeung urang
Sunda Lian ti Éta "yang merupakan deskripsi etnografis, dan tidak satu pun
karyanya yang merupakan hasil pemikiran baik yang berbentuk prosa maupun yang
berbentuk puisi dijadikan sumber".
II
Lamun kuring teu salah ngilo AR ngadugikeun yen dumasar kana harti nu
dijadikeun acuan eta essay yen falsafah teh "berpikir secara kritis dan
rasional, secara kurang lebih sistimatis mengenai keadaan umum dunia (metafisik
atau teori tentang eksistensi), pembenaran atas kepercayaan (epistemologi atau
teori tentang ilmu pengetahuan) serta cara hidup sehari-hari (etika atau teori
nilai)", AR mandang yen ngan seratan H.Hasan Mustapa mungkul nu nunjukkeun
sikap kritis atawa berfalsafah "Satu-satunya kekecualian mungkin hanyalah H.
Hasan Mustapa (1852-1930) yang banyak menuliskan renungan dan pendapatnya yang
kritis, terutama dalam bentuk puisi, walaupun banyak juga yang berbentuk
prosa". Sedengkeun kana kalolobaan pamanggih lisan atawa tulisan ngeunaan
falsafah sunda nu lain AR nganggap "pikiran-pikiran orang itu sendiri yang
sering tidak rasional, tidak sistimatis dan tidak jelas metodologinya. Biasanya
merupakan campuran mitos, mistik dan kirata basa
saja. Ngawur!". AR oge ngadugikeun yen sanajan tradisi lisan ngarupakeun cara
"menurunkan pemikiran nenek moyang kepada anak cucunya melalui berbagai cara.
Niscaya orang Sunda terutama mempergunakan cara lisan dalam menyampaikan
kearifan hidupnya, karena tradisi tulisan belum melembaga dalam masarakat" tapi
saur anjeuna (AR) eta hal ayeuna geus " tidak berfungsi lagi".
Ngan, lamun urang nuturkeun seratan HHM saperti nu rek ditepikeun dihandap ieu
anggapan AR yen 'transfer' informasi ti generasi ka generasi di sunda
ngaliwatan tradisi lisan nu 'tidak berfungsi lagi' teh teu bener teuing lamun
henteu disebut salah. Malah masih terus aya jeung lamun sacara 'open minded'
ditilik bisa jadi salah sahiji cara pakeun muka lalangse 'pareumeun obor'na
ngeunaan falsafah sunda, sanajan teknik na teh masih teu dianggap 'enya' ku
kaum akademis nu sok resep nulis. Kieu geura:
1.Nurutkeun HHM tradisi lisan nepi kaayeuna aya (paling henteu di jaman HHM
nyerat) bari jeung HHM gaduh kapercantenan 'optimisme' yen eta tradisi lisan
dina nganepikeun 'kasundaan' the moal surud sanajan ngarahkeunana (tekad -
tina basa arab itikad) na robah-robah. 'kasundaan' ieu nurutkeun HHM teh
mangrupa pasulukan Siliwangi – catetan: siliwangi nu dimaksud ku HHM mah nya
Bapana Sang Manarah-Ciung Wanara (Pangkur- pangkurang-kurangna rasa (no 5-14).
2. Pola transfer informasi ti generasi ka generasi ku karuhun sunda baheula
numutkeun HHM mah ngaliwatan proses sinelir. Jeung 'agent' penerus informasina
ngarupakeun urang sunda baheula di jaman karuhun. Nu masih bisa jeung terus
'daek' nganepikeun informasina/masih bisa 'komunikasi' ka tiap generasi.
(Pangkur- pangkurang-kurangna rasa (no 2).
Moal kurang panglantungan, panyabaan rasaning ati nu yakin, meungpeung usum
pasaliru, lantaraning kacaangan, peupeuriheun BATUR DI JAMAN KARUHUN, TACAN
RUNTAG SESELIRAN, nu hening di alam yakin.
Ari sinelir ieu mangrupakeun proses 'resonansi 2 frekuensi' nepikeun ka bisa
jadi 'bijil/ngawujud' sacara verbal/visual nu kaharti ku
'pendengarna'/'pemirsa'na. Sedengkeun seseliran ngandung harti sering/lain
sakali migawe sinelirna. Jadi tangtu kajadian sinelir bisa nepi ka jaman ayeuna
tur ka hareupna (?).
Sanajan kitu HHM masihan parameter yen nu bisa kitu the saukur batur di jaman
karuhun nu hening di alam yakin (bisa siliwangi, bisa siliwangi mah teu
bisaeun, bisa oge nu lain ngan jelas moal kabeh batur di jaman karuhun bisa
sinelir da ngan husus nu geus hening di alam yakin tea). Parameter batur di
jaman karuhun nu bisa sinelir ngan nu geus hening di alam yakin teh jadi
cecekelan pakeun ngabedakeun jeung kajadian-kajadian nyurup, nitis, ngaraga
sukma, hadiran jrrd istilah nu beda jeung kajadian sinelir nu nepikeun ka
ayeuna rame pagaliwota di masarakat sunda nu jadi 'hijab' atawa nyakompet daun
keun jeung sinelir (insya allah rek ditepikeun dina bahasan husus pakeun jadi
sawala). Nepikeun ka HHM dina seratan 'Qurbah' enya-enya ngalepatkeun ka jalma
nu ngandelkeun ka nu gaib-gaib kayaning jin jrrd sabab nukitu mah saur HHM teu
bener ngan saukur jiga “ bijilna ieu carita ti jalma anu dipercaya JIGA jalma
SESELIRAN”. Singgetna kanggo HHM Jalma
seliran batur baheula yes!, nu jiga mah (nyurup, nitis, dll) No!
Dumasar kana pada diluhur, gening HHM nu critical jeung dianggap (paling henteu
ku AR) ngawakilan falsafah sunda percaya jeung manggihan/kabuktikeun ku anjeuna
ayana jalma baheula nu bisa nganepikeun falsafah hirup sunda make cara husus
sunda nyatana sinelir. Basa peuperiheun nu dianggo ku HHM dina pada diluhur
nunjukeun 'karumaosan' anjeuna yen anjeuna mah teu tiasa (atawa moal milih
sinelir kawas (jalma-jalma tertentu di jaman karuhun) matakna ngadamel
tulisan. Sabab saurna lamun geus ngababatang anjeuna mah "moal bisa diajak
ngomong".
Manggihan 'key informant' jalma baheula nu geus hening di alam yakin ieu perlu
disosialisasikeun deui lamun -pamendak AR ieu diturut ku urang sunda – ameh
ngajentrekeun falsafah sunda the bisa ngawujud teu heureut jeung teu pungsat
bahan.
Kumaha carana netepkeun 'key informant' nu bener (make proses sinelir) pakeun
proses 'collecting data' ?? kumaha carana mager 'kaum esoteris' nu asal engab
ngeunaan teknik sinelir- nu ngajadikeun 'teknik' transfer falsafah jadi saru
jeung 'kabokbrokan' ilusi/mistis/kirata nu lain? (bagean salajengna urang
kintunkeun upami pareng)