ieu mah lain stigmasi mang, tapi ungkapan.
lamun aya jelema anu kalakuanna serba heran, atawa ngagulkeun 'kota'
maka disebut kampungan.
lain urang kampung.
tah lamun urang lembur Sekejendil ulin ka Bandung, terus ningali aya
gedong 50 tingkat, manehna colohok, "euleuuhhh meni luhur kieu nya".
Terus kaparengan manehna asup ka eMall, aya tangga berjalan, eta rek
nincak teh asa-asa, rungkag rengkog.
memeh balik deui ka Sekejendil, manehna meuli sapatu anu aya lampuan
dina dampalna. etamah sakabeh urang lembur dibejaan, "tah ieu sapatu
hurung meunang meuli ti Bandung. di urang mah moal aya, sapatu hurung
model kieu" cenah.
dasar kampungan.
eta level Sekejendil.
tah aya deui carita sejen, Si Pejabat endonesia ulin ka Eropah. Salila
di eropah teh sarwa colohok, wah wih wuh weh woh, da kakara nincak
Eropah. Memang urang endonesia oge loba anu sakola di Eropah cara si
Ikal, tapi kan si Pejabat anu ieu mah, boro-boro sakola di eropah, sasat
ijasah SMA oge meunang malsukeun.
Tah memeh balik deui ke Endonesia manehna meuli sapatu anu aya lampuan
dina dampalna. Etamah sakabeh urang endonesia dibejaan, "tah ieu sapatu
hurung meunang meuli ti Paris. Di urang mah moal aya, sapatu hurung
model kieu" cenah.
dasar kampungan.
mh wrote:
hehehe, mani sarumanget ari geus nuang kupat, eh ngupat, teh.
ngan uing mah salaku urang kampung, sedih we, kalah katempuhan
buntut maung. aya kalakuan sabagian jalma nu resep balanja
kaleuleuwihi, majar teh cenah kampungan. padahal urang kampung mah
boro-boro resep balanja, sabulan sakali ge heunteu ulin ka pasar,
cukup balanja ka warung we, atawa nu ngider di suhun. aya sabagian
jalma nu resep pamer, majar cenah kampungan. padahal urang kampung mah
naon nu rek dipamerkeun.
sanes kitu baraya? hehehe.
tah dina lebah dieu, dina mere stigmasi teh kudu rada ati-ati.
salam,
mh
On Thu, Feb 26, 2009 at 10:55 AM, Irpan rispandi
<[email protected] <mailto:mr.rispandi%40gmail.com>> wrote:
> maca kalakuan Pejabat Kampungan kitu teh sok kalah nyeri hate
he..he..he..
> kedudukan pejabat, istri pejabat, ari mentalitas urang udik, dusun.
> karek nyaho eropa, meni atoh bisa pamer tar Louis Vuitton teh.
> "Ini lho jeng, tas ini saya beli dari paris, kalo yang ini dari
holland. Nah
> kalo yang ini baru aja dibeli pas kemarin weekend di KL"
> Cuiih..... lebok siah tah KL teh.
>
> padahalmah :
> di Garut loba keneh sakola reyod.
> di NTT loba keneh anu busung lapar.
> di Papua can tersentuh pembangunan
> Maranehna, pejabat jeung kulawargana anu goblog beak karep, gelo,
teuboga
> cedo, kampungan, dusun, udik, ngadon pelesir meakeun duit rahayat.
>
> bisi hayang nyaho, setan bungkeuleukan teh nu siga kitu tah.
>
>
>
> ua duq wrote:
>
> bah iwa, kalakuan jalma superbeunghar jigana bisa asup ka kalakuan
jalma teu
> waras. lamun gelo dihartian jalma nu beda jeung umumna jalma... heuheu
>
> ari kuring mah waas maca kecap... PEJABAT, KELUARGA PEJABAT, MANTAN
> PEJABAT... eta meureunnnya ngabalanjakeun nu 45 milyar tea... heuheu
jadi
> goreng nangka dicoklatan, goreng sangka kukupatan....
>
> baeu ah baeu...
>
> On Wed, Feb 25, 2009 at 3:17 PM, H Surtiwa <[email protected]
<mailto:surtiwa%40gmail.com>> wrote:
>>
>> saha atuh anu gelo teh..naha Amelia teh nyalidik anu gelo atawa anu
garelo
>> kitu ? Anu teu make uteuk ? Ah...sigana tibalik...urang ngahakiman
ku domain
>> urang jelema awam pragmatis kulantaran ceuk Kyosaki mah...pan urang
mah gawe
>> keur neangan duit..eta ari nu garelo tea..duitna nu gawe keur
maranehanna.
>> Cobi urang pangitungkeun hahasilan jelema anu boga 1/2 T alias 500
milyarad.
>> pasti aya..da eta nyogokna oge cenah..parantos 45 Milyard ari keuna
>> perkara....Keur duit sakitu mun disimen boh dina ORI, SUKUK, deposito,
>> Diskonto atawa naon wae anu sarupa hailna teh 10%/taun alias 50
milyard/taun
>> atawa RP 4.16 milyard sabulan alias Rp 4.1666 juta sabulan. Kuma
ngitungna,
>> kumaha ngabalanjeukanana, kumaha rek ngusahakeunnana..jrrd. maakna
mun ulin
>> sok ka LA nginep di Ritz Carlton 2 bulan..dahar modol
ulin...ongkosna ceuk
>> manehna mah murah ngan $600/sapeuting... . teu gelo..waras...
>>
>> On 2/25/09, Kang Iman <[email protected]
<mailto:firman.raharja%40urang-sunda.or.id>> wrote:
>>>
>>> ah kang tulisanna teu ngomongkeun hutang da ....
>>> ngomongkeun nu gelo beunghar lamun balanja
>>> keun we nu gelo mah
>>> sugan we kecepretan beunghar
>>> entong ari gelo na mah ....
>>>
>>>
>>>
>>> 2009/2/25 Irpan rispandi <[email protected]
<mailto:mr.rispandi%40gmail.com>>
>>>>
>>>> jadi naon atuh masalahna nya bah?
>>>> teu nu beunghar teu nu sangsara, kana balanja mah gegeloan.
>>>>
>>>> nu salah mah sigana teh uteuk na, jarang dipake.
>>>> ngalajur nafsu, ningali ieu hayang ningali itu hayang.
>>>> teu boga duit,make kartu kredit.
>>>> akhirna kajiret hutang ratusan juta.
>>>> rasakeun !
>>>>
>>>> he..he..he...
>>>>
>>>>
>>>> waluya56 wrote:
>>>>
>>>> Aya buku laris, judulna teh "Miss Jinjing" nu nyaritakeun urang
>>>> Indonesia "edan" dina balanja. Buku ieu nyaritakeun kalakuan urang
>>>> Indonesia nu super beunghar dina balanja. Tapi bener kitu kalakuan
>>>> "edan" dina balanja teh monopoli nu super beunghar? Ah sigana mah
>>>> henteu, contona, tapi ceuk beja, jamaah haji Indonesia oge paling
>>>> resep balanja di tanah Suci, tepi ka padagang nyarebutna "Siti
>>>> Rahmah"......
>>>>
>>>> Nyanggakeun wartosna, khususna kanggo kang Irpan ..hehehehe
>>>>
>> _,___
--
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!