kamari beurang, jam 12an si kuring di ondang dahar beurang ku grup astra bandung (asuransi astra, astra graphia, jrrd) di d plam, jl lombok bandung.
acarana penyerahan sacara simbolik dua dus buku ti karyawan grup astra pikeun pabukon kusnet (pasaka tea). ngan ditoong tadi dian daptarna teh cenah buku-buku bekas, lolobana buku pelajaran, sigana urut barudak karyawan grup astra eta. bukuna mah can dikirim (make alamat pangulinan). ke cenah dikumpulkeun heula ti anak pausahaan nu sejenna. nya urang toong we buku-bukuna kumaha. piraku ari geus kucel kuleuheu mah. ke urang kirim ka pabukon nu perlu buku-buku palajaran SD. si Ua Sas tadinya diajak, tiasa, tapi teu janten da di bumina teu aya sasaha. si Ua nganuhunkeun sakitu ge cenah aya nu merhatikeun. astra keur boga program tebar buku kitu. carana nya ngumpulkeun buku- buku urut (dibaca) ti karyawana. mj

