sampurasun.. akang teteh bade nyuhunkeun tulung, babaraha dinten atanapi mingu kalangkung di dieu aya nu posting oleh2 ti palestine ti kang Dadang tea, sae pisan eta teh mung teu sengaja ku abi ka delete sateuacan dikopi da ngabugbrug unggal dinten serelek teh sareng ti milist nu sanes, tah pami aya nu gaduh keneh mah nyuhunkeun bantosana abi peryogi, sareng kanu gaduh postingan awalna bade tumaros sawios kitu ieu teh ku abi bade dijantenkeun referensi kakaitan sareng tugas tuang bojo anu nuju neraskeun kuliahna kaleresan kenging tugas nu aya kakaitan sareng Palestina. hatur nuhun sateuacana oge ka kang moderator...

