lamun file multimedia, video atawa audio, dina di zip oge bedana saeutik.
beda jeung file anu eusina text (doc, xls, html, atawa file sejena).
konsep dasar (ide dasar) nga-zip file teh nyaeta nyieun index.
contona, dina hiji artikel, aya sabaraha hiji huruf a, sabariji huruf s,
sabariji huruf g, dst.
terus ditangtukeun oge, tempatna dimana.
analogi sederhana na misalna kieu.
a = 3, x1, x15, x23
hartina huruf a aya 3 tempatna di baris x kolom 1, kolom 15 jeung kolom 23
(ieu analogi sederhana, ari algoritma pemrograman na mah duka teuing,
lebeng he..he..he..)
lamun file multi media kan saguluntung, hese rek dijieun indexna.
jadi weh lamun di zip teh, biasana mah teu ngaruh.
paling bisa oge di-rip atawa diconvert anu duanana, cara kerjana
ngarobah kualitas file.
lamun geus di rip atawa di convert, ukurana bisa jadi leutik.
kapanan sok loba anu ngajual film bajakan, sa-DVD 5 film, dsb.
tah eta teh jasana tukang rip jeung convert.
***saguru saelmu ulah ganggu.
(bisi aya nu leuwih jago, ulah nyeungseurikeun nya lamun salah, pang
benerkeun nya)
dicksvf wrote:
gaptek meureun si kang irpan mah
teu bisa nga-zip file2 acan, bisana ngan ukur ngedit signature
cik atuh bejaan
hahaha...........
--- In [email protected]
<mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>, Kumincir Wikidisastra
<kumin...@...> wrote:
>
> enya si irpan mah... sakitu uing nepi ka ngajurahroh pas nampa lampiran
> sakitu gedena... hayoh dikiriman deui... duit onaman ku uing moal
ditolak,
> ieu mah mani ngabeuratkeun kieu...
>
> Mun gede mah cobaan di-zip heula atuh, pan ti heula ngaing mere
panggeuing
> sangkan lampiran ulah leuwih ti 200kb. cabok geura...
>
> On Thu, Feb 26, 2009 at 12:40 PM, neti_ssatriawrote:
>
> > Heuheuheu... Edit blacberry-na hade pisan euy.... Teu ngaku
> >
>
--
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!