TEH RORO, saurna acara jalan2 ka museum bakal ditayangkeun di acara Bandung
Teaa di STV, ayeuna tabuh 19.00 WIB

Hatur nuhun...

 

  

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of Roro Rohmah
Sent: 27 Februari 2009 16:05
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: Nu Reuseup lagu Sunda

 

Mararangga Teh Intan, waduh hebat euy! Raina tos tiasa lebet ka TVRI. Te O
Pe lah! InsyaAllah ke wang tongtong, eta ge pami kabujeng da sok di jalan
keneh, maklum kuli.
Abdi ge resep pisan kana lagu Sunda. Unggal dinten Sabtu sok nongton acara
Dalingding Asih di Bandung TV, ngahaleuang interaktif nu di presenteran ku
Rika Rafika. 

 

Gaduh alo istri, yuswa 2.5 taun. Anjeunna ge mani hobi nongton acara lagu
Sunda di STV. Tos apal pami aya eta acara, langsung nyarios,"Braaaayyyy..!"
Komo etah pami aya lagu Hayang kawin win win win hayang kawin. ngageyot mani
maceuh! Papahna ge digentos ayeuna mah semu diaced-aced jiga Kang Kunkun
hehehe.. 

 

ro2  

 

>>> [email protected] 02/27/09 03:32PM >>>
Assalamualaikum, 
Pararunteun Akang-akang & Eteh-eteh, Bade ngiring promosi. 
Anu resep lagu Sunda, manawi bade ninggal wajah & soanteun anu baru.
Kaleureusan pun adi, Wulandari videoklipna dinteun ayuena jumaah 270208 bade
di puter di TVRI bandung ti tabuh 4-7 di acara selingan. manawi Akang-akang
& eteh-eteh kagungan waktos luang mangga dihaturanan nonton. Judul laguna :
Tali asih.

Hatur nuhun sateuacana kasdayana,

Salam,
IRJ



Kirim email ke