Peuting tadi kuring lalajo tayangan "Mata Oli" di Metro TV. "Mata
Oli", cenah kecap dina Basa Saparua keur awewe tukang ngahibur
lalaki. Nu dicaritakeun awewe nu dipaksa jadi awewe penghibur keur
tantara Dai Nipon waktu perang Dunya II. Dina basa Jepang
disebut "Jugun Ianfu".

"Jugun Ianfu" dikumpulkeun timana-mana, di Indonesia lolobana awewe
ti Pulo Jawa, dibawa ka tempat-tempat markas tantara Jepang. Lain
wae markas-markas tantara nu aya di Pulo Jawa, tapi oge ka luar
Jawa, kaasup ka Pulo Buru. Para awewe teh ngalayanan nafsu tantara
jepang beurang peuting. Para tantara giliran nyalurkeun nafsu
birahina. Loba jugun Ianfu akhirna teu bisa boga anak, da rahimna
rusak diperkosa. Oge maranehna ngalaman pangalaman traumatis nu hese
cageurna.

Waktu Jepang eleh perang, para jugun Ianfu di Pulo Buru, beuki
katalangsara, sabab waktu tentara jepang marulang/ dilucuti ku
tantara sekutu, para Jugun Ianfu teu bisa balik deui ka tempat
asalna. Maranehna dipaksa dikarawin ku kapala-kapala suku asli di
Pulo Buru, nu harita mah masih primitip pisan.

Aya Jugun ianfu nu urang Sunda, di Pulo Buru sok disarebut NYA
SEMBAR. Ayeuna Nya Sembar geus wafat. Nya Sembar disebut-disebut
dina buku Pramudya Ananta Tur, "Perawan Renaja dalam Cengkeraman
Militer" (Gramedia 2001). Nya Sembar loba "gaul" jeung para Tapol di
Pulo Buru. Nya Sembar ngajarkeun para tapol nyieun aci sagu.

Saha Nya Sembar teh? Aran aslina SITI FATIMAH. Ceuk saurang eks
Tapol asal Jabar nu netep di Pulo Buru, satadina mah Nya Sembar teu
ngaku-ngaku asal Sunda. Ngan tina logatna si urut Tapol teh curiga.
Nya akhirna kabuka Nya Sembar teh urang Sunda. Waktu jepang indit,
Nya Sembar dikawin ku kapala suku didinya, tepi ka boga anak. Nya
Sembar oge bisa disebutkeun "Penyebar" agama Islam ditempat eta.
Salakina asup Islam, nurutan agama Nya Sembar, nu akhirna
ditaluturkeun kunu sejen arasup Islam. Lembur eta akhirna jadi
lembur Muslim.

Ceuk anakna Selang (Syarif) Siti Fatimah teh putra Asisten Wadana di
Subang, SINGADIKARTA. Manehna teh boga dulur tiluan, ngan geus
paroho aranna. Ceuk Selang: "Pesan mama, agar cari dan temui saudara-
saudara mama. Mama yakin, cepat atau lambat pasti akan ketemu. Yang
penting mereka jangan malu mengakui kami sebagai keluarga"

Nya Sembar cenah geus wafat di taun 1980'an, tinggal katurunana, nu
meureun masih panasaran ka tempat asal indungna di Tatar Sunda.

Sumber:
1. "Mata Oli", Metro TV
2. Kerinduan Eks Jugun Ianfu
(http://www.koranindonesia.com/2008/06/11/kerinduan-eks-jugun-ianfu/)

Baktosna,
WALUYA


Kirim email ke