si andrea hirata bieu ka pangulinan. menta gambar masjid cenah pikeun di lemburna, gantong, belitong. leutik we cenah, 6 x 6 tapi unik cenah. ditanya, nu kumaha kahayang? siga di rest area KM sabaraha cenah di toll cipularang. sanajan teu apal persis, nya boga bayangan masjid leutik nu keur trend ayeuna. leutik camperenik, make kubah jeung munara opat make kubah leutik siga baso. hehe.
gutrut we corat-coret, dihareupeun si ikal, bari ngobrol kaditu kadieu. nya da manehna mah sakolana ekonomi, nempo corat coret gambar teh semu nu iseu supriseu. sketsa perspektif gambar masjid 6 x 6 m. make kubah beton. asalna nanya ukuran nu alus. dibejaan biasana wangunan ibadah mah boga angka has. cara 6 x 6, angka 6 bisa disimbolkeun ti rukun iman, mun 5 bisa ti rukun islam. mun 27 ti jumlah rakaat. mun 17 ti 17 ramadan, tanggal turuna qur'an. atawa bisa bari ti 17 agustus. hehe manehna rusuh cenah, sabab keur didagoan ku tukang di belitong. gambar teh teu kaburu dialus-alus. langsung di bawa rek dikirim make pos cenah ka belitong. heuheu. usul ngarana, masjid laskar pelangi, mun hayang basa arab, kari tanya nu bisa basa arab kecap pelangi. ari laskar mah asykar.

