Dina enyana eta anu jarugala teh ladang tina ngakalakeun batur, meres buruh,
jsb., ditilik tina mangpaat mah asana hade pisan ngolo2 kaom filantropis
teh... Sahanteuna, eta duit anu sagede2 panto teh dina pamustunganana,
sawareh mah bisa dipulangkeun deui ka masarakat. Nya misalna di ITB, jadi
dana abadi pikeun ngembangkeun atikan bangsa sorangan.

Sual pahla mah lain uruseun, keun we nu penting mah kaala duitna pikeun
kamangpaatan 'balarea'.

On Mon, Mar 2, 2009 at 3:39 PM, waluya2006 wrote:

>    Duh Kang Irpan ... kunaon jadi ruwet kieu, nu nyumbang mah, nya kudu
> ditarima malah kudu dinuhunkeun. Perkara eta duit nu
> disumbangkeun "halal" atawa "haram", urusan sejen deui. Pan nu
> munggah Haji atawa nu nyumbang nyieun masjid oge tara ditanyakeun
> naha duit nu dipake teh "haram" atawa "halal", nyangsarakeun batur
> atawa henteu. Naha ieu pedah nyumbang ka urut sakolana, kudu
> dimasalahkeun?
>

Kirim email ke