*Kamus Poé** **Ieu [4]* * *
*1. **caah = *banjir, ngagedéan caina (walungan) *2. **cacarékan = *pakaulan.** * * *3. **cai meuting = *tapak cai dina lawon nu diantep baseuh teu dipoékeun.** * * *4. **cai nyusu, cinyusu = *cai beresih nu kaluar tina jero taneuh.** * * *5. **cai peureu , cipeureu = *cai nu kaluar tina jero taneuh sarta nu ngandung jat saperti tai hiang.** * * *6. **cakueum = *harieum teu pikabetaheun (pakarangan).** * * *7. **calacah = *lebu rook jeung kuntung.** * * *8. **camberok, camerok = *kandel ku wedak anu teu merenah, jadi teu pantes.** * * *9. **campernik = *leutik tapi lucu (imah). Leutik tapi geulis (awéwé) *10. **caram, nyaram = *nyarék, ngahulag, ngalarang.** * * *11. **carangka *= wadah tina anyaman awi anu carang. *12. **carécét * = saputangan. *13. **careuh* = sato jarah sabangsa ucing, kabeukina caruluk, buah kopi, jeung sok maling hayam. *14. **caruluk = * buah kawung. *15. **ceuceu = *aceuk, sesebutan ka dulur awéwé saluhureun atawa anu sapantar jeung éta. *16. **ceuyah = *loba lantaran anjrah*.* *17. **congclo, nyongclo = *cicing, mangrupa barang nu rada nyungcung (tai hayam jst). *18. **congcot = *sangu tumpeng anu nyungcung persis aseupan. *19. **coo, nyoo = *ngulinkeun, ngaheureuykeun atwa nyekel barang (lantaran resep). Emod,

