Baraya,
Saptu sareng Ahad kamari aya tilu baraya urang nu uanggah ka bale nyuncung,
seja ngalakonan Sunah Rosul ngadegkeun kulawarga nu sakinah :
1. Kang Sutresna di Subang.
2. Kang Dhipa Galuh Purba di Dayeuhkolot, Bandung.
3. Kang Rezza di Sukarindik, Tasik.
Ka aranjeunna sim kuring seja ngahaturkeun pangwilujeng. Mugia teu weleh aya
dina karahayuan, pinuh ku hibar Mantenna. Amin.
Oge sim kuring seja neda pangapunten, wireh teu tiasa nohonan pangulem
aranjeunna. Kaleresan, Saptu sareng Ahad kamari teh sim kuring gaduh
kaperyogian sanes nu sami pentingna -- bari tos jangji ti sasih Januari.
Kukituna, sakali deui, sim kuring neda pangapuntenna.
Baktos,
Pun Maman
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441